Wednesday, December 14, 2011

Wednesday, March 30, 2011

Kecap pangantet

Kecap pangantet disebut oge preposisi.

Kecap pangantet nyaeta kecap pancen anu cicingna hareupeun kecap atawa frasa barang.

Kecap pangantet gunana pikeun ngawangun frasa pangantet.

Conto kecap pangantet : di, ka, ti, dina, ku, kana, keur, tina, jsb.

Kecap pangantet miboga fungsi pikeun ngantetkeun jejer (subjek) jeung caritaan (predikat) atawa caritaan (predikat) jeung objek dina kalimah.

Kecap pangantet miboga harti nuduhkeun kana :

1. Tujuan

Keur , contona : keur kuring.

Pikeun, contona: pikeun manehna.

Ka , contona : ka Surabaya.

2. Tempat

Di, contona: di dapur.

Dina, contona: dina meja.

3. Asal

Ti, contona: ti Garut

Tina, contona: tina kayu.

4. Alat

Ku, contona: ku peso.

Kana, contona: kana beca.

5. Pangwates

Tepi ka, contona: tepi ka isukan.

Ti… ka…, contona: ti kaler ka kidul.

6. Babandingan

Kawas, contona : kawas budah.

Siga, contona : siga indungna.

Lir, contona: lir kilat.

Thursday, February 3, 2011

MACA SAJAK

Sajak teh bagian tina puisi anu dina macana perlu tehnik jeung pangaweruh anu husus. Samemeh urang macakeun hiji sajak urang kudu nitenan heula asfek-asfek dina sajak kayaning :

1. Diksi nyaeta kecap-kecap pinilih nu dipilih ku pangarang salaku wawakil tina kecap nu hayang ditembongkeun. Diksi biasana mangrupa kecap-kecap nu miboga harti injeuman (konotatif).

2. Irama, saluyu jeung harmonisna runtuyan kecap-kecap dina unggal pada (bait) jeung padalisan (baris) dina sajak.

3. Nada, mangrupa purwakanti dina unggal padalisan.

4. Imaji, gambaran pangalaman nu hayang digambarkeun ku pangarang nu karekam ku panca indra, kayaning pangalaman nu kadenge, katingali, karasa atawa gabunganana.

5. Suasana, mangrupa kaayaan nu ditembongkeun dina sajak, kayaning rasa bungah, sedih, hanjelu, salempang, jeung rea-rea deui.

Lengkah-lengkah samemeh macakeun sajak :

1. Baca sajak tuluy pahaman maksudna.

2. Apalkeun bari teuleuman eusi sajak.

3. Gunakeun tehnik enjambemen nyaeta tehnik maca dimana urang kudu eureun, kudu jeda, kudu dibaca alon atawa dibaca gancang.

4. Gunakeun mimik, gestur, jeung gerak leungeun pikeun ngagambarkeun sajak.

Thursday, January 20, 2011

Protokol

Protokol nyaeta jalma nu pancenna mingpin atawa mawakeun hiji acara kagiatan boh nu sipatna resmi atawa teu resmi. Protokol disebut oge pembawa acara atawa dina istilah ayeuna mah disebut Master of Ceremonies (MC).

Pikeun jadi MC nu hade kudu miboga bekel :

1. Sora nu hade.

2. Miboga kapribadian jeung intelekstual nu hade, dirojong ku jembarna pangaweruh.

3. Miboga tagog jeung budi basa nu hade.

Tatahar dina prungna jadi MC:

1. Pastikeun kaayaan awak rileks, seger jeung normal.

2. Ungkulan rasa gugup ku cara narik napas nu jero tur panjang.

3. Gerakkeun awak pikeun nyalsekeun otot-otot nu tegang.

4. Nangtung kalayan tegep baris dibarung ku imut.

5. Pikanyaho kaayaan rohangan/tempat nu rek jadi tempat acara lumangsung (know the room).

6. Pikanyaho karakter tamu jeung tingali inyana salaku jalma nu dipisobat (know the audience).

7. Kawasaan bahan/acara nu rek dibawakeun (know the material).

8. Baca pabukon (literatur) pikeun nambahan pangaweruh.

9. Susun hal nu poko/inti pikeun leuwih ngagampangkeun ingetan urang kana naon rek diucapkeun.

10. Kahade tong loba teuing menta dihampura.

11. Kahade tong ninggalkeundaftar acara (rundown) .

12. Pake pakean nu luyu jeung cocog jeung acara, ulah nepika saltum (salah kostum).

13. Pake make up boh lalaki boh awewe pikeun nambahan kapercayaan diri sok komo lamun di rekam dina hareupeun kamera.

14. Pigawe gerakan leungeun saperluna, ulah kaleuleuwihi.

15. Jaga baham jeung tikoro ngarah tetep baseuh pikeun ieu hal bisa disiapkeun cai herang pikeun diinum upama diperlukeun.

16. Ulah dahar jeung nginum nu bisa nimbulkeun hal anu ngaganggu kana organ tubuh minimal sajam samemeh prungna acara saperti nginum soda, dahar nu ngandung lemak, dahareun nu lada atawa aseum.

17. Tampil kalayan percaya diri (Pede).

Pikeun jadi MC nu hade sahenteuna urang kudu miboga tehnik voka nu masagi. Tehnik vokal nu kudu dipiboga teh diantarana wae:

1. Intonasi, gunakeun intonasi, nada, irama dina ngalafalkeun kalimah.

2. Aksentuasi (lentong), bere tekenan (stressing) kana kalimah nu dianggap penting. Kahade ulah ngegunakeun lentong daerah.

3. Kecepatan (speed) omongan, dina waktu cumarita kahade tong gancang teuing atawa tong alon teuing.

4. Artikulasi, nyaeta ngucapkeun kalimah kalayan bentes kitu deui dina lafal kecap.

5. Infleksi, ngawengku lagu kalimah jeung parobahan nada sora.

Saturday, January 15, 2011

SAWER PANGANTEN

Sawer panganten mangrupa bagian tina runtuyan upacara adat kawinan Sunda. Runtuyan upacara adat kawinan Sunda ngawengku :

1. Neundeun omongan

2. Nanyaan

3. Seserahan

4. Ngeuyeuk seureuh

5. Akad nikah

6. Nyawer

Kecap sawer asalna tina kecap awer nyaeta sipat barang encer nu murag mawur. Sawer panganten biasana dilakukeun dina panyaweran nyaeta tempat panyurugan cai hujan tina kenteng. Dina waktuna nyawer sok ditembangkeun puisi sawer, nu ditembangkeun ku juru sawer. Eusi rumpaka sawer mangrupa papatah pikeun panganten nu rek ngamimitian ngokolahkeun rumah tangga laki rabi ngarah bisa hirup runtut raut sauyunan.

Dina sawer panganten oge sok dibarengan ku ngawurkeun beas, duit receh jeung koneng sarta bari dipayungan . Eta hal teh miboga kias lambang :

Beas miboga kias nu nyababkeun hirup manusa

Duit miboga kias duna barana atawa barang nu berharga

Koneng miboga kias ceuk urang sunda mah koneng temen maksudna kias jujur, dina basa sunda aya temen wekel nu maksudna dina neangan rejeki teh kudu kalayan jujur jeung sabar ngarah tinemu jeung kabagjaan hirup.

Sedengkeun dipayungan miboga maksud sanajan kumaha bae oge urang kudu bisa mayungan ngajaga diri sarta ati-ati dina sagala hal.

Rumpaka sawer biasana diwangun ku opat baris aya oge nu genep baris, lagu tembang nu digunakeun dina sawer nyaeta sekar macapat kayaning dangdanggula, kinanti, sinom. Kitu deui aya oge nu ngagunakeun kidung.

Thursday, October 28, 2010

SISINDIRAN

Sisindiran asalna tina kecap sindir, nu hartina omongan nu dibalibirkeun.

Tina wangunna, sisindiran kabagi jadi

  1. paparikan
  2. rarakitan
  3. wawangsalan

Paparikan

asalna tina parek, nyaeta hartina deukeut.

Aturan dina paparikan :

  1. unggal padalisan (baris) diwangun ku 8 engang.
  2. unggal pada (bait) diwangun 4 padalisan, padalisan ka-1 & ka-2 mangrupa cangkang sedeng padalisan ka-3 & ka-4 mangrupa eusi
  3. aya purwakanti laras wekas

Tina eusina, paparikan kabagi jadi :

  1. paparikan piwuruk, nyaeta paparikan nu eusina nasehat, papatah jeung piwuruk
  2. paparikan silih asih, nyaeta paparikan nu eusina cinta, asmara & birahi.
  3. paparikan sesebred, nyaeta paparikan nu eusina heureuy, banyol & guguyon.

Rarakitan

Asalna tina kecap rakit, nu hartina sapasang.

Aturan dina rarakitan :

1. unggal padalisan diwangun ku 8 engang.

2. unggal pada diwangun 4 padalisan, padalisan ka-1 & ka-2 mangrupa cangkang sedeng padalisan ka-3 & ka-4 mangrupa eusi

3. Kecap awal dina padalisan ka-1 baris di ulang dina kecap awal dina padalisan ka-3 kitu deui kecap awal dina padalisan ka-2 baris di ulang dina pada lisan

ka-4 (mindoan kawit)

4. aya purwakanti laras wekas

Tina eusina rarakitan kabagi jadi :

1. Rarakitan piwuruk, contona :

Sing getol nginum jajamu

Nu guna nguatkeun urat

Sing getol neangan elmu

Nu guna dunya aherat

2. Rarakitan silih asih, contona :

Sapanjang jalan soreang

Moal weleh diaspalan

Sapanjang tacan kasorang

Moal weleh diakalan

3. Rarakitan sesebred, contona :

Aya listrik di masigit

Hanjakal moncor ka kolong

Aya istri jangkung alit

Hanjakal tonggongna bolong

Wawangsalan

Asalna tina kecap wangsal, nu hartina teguh/bade.

Aturan dina wawangsalan :

1. unggal padalisan diwangun ku 8 engang

2. unggal pada diwangun ku 2 padalisan, padalisan ka-1 magrupa cangkang sedeng padalisan ka -2 mangrupa eusi

tapi masih kudu diteguh/bade

heula

3. aya kecap konci (keyword) dina padalisan ka-2 nu sorana ngadeukeutan sora kecap eusi wangsalna.

Contona :

Kendang gede pakauman

Dag dig dug rasaning ati

(wangsalna : bedug)

Belut sisit saba darat

Kapiraray siang wengi

(wangsalna: oray)

Beas ditutuan deui

Iraha atuh patepung

(wangsalna : tipung)