Friday, September 4, 2009

Sajak-sajak Ramadhan
Nalika Ramadhan datang, rasa pikir jeung tafakur ngaji diri nyaliksik lampah nu kungsi di sorang ngalangkang dina lalakon mangsa. Ngagurat atra ngagores dina carita hirup manusa. Ramadhan mangsa nyatet amal hade, carita bagja nu mo leungit na dasaring ati sanu bari.
Sajak minangka wawakil tina kedaling ati, nyatet eta pangalaman nu kungsi di sorang jeung dilakonan nu mo ilang na ciciptan. Rasa, asa jeung sawangan gumulung jadi panineungan nu atra ka gambar dina imaji-imaji runtuyan kedaling padalisan.
Ahirna, mangga nyanggakeun aweuhan sajak-sajak Ramadhan, mugia aya pulunganeun jeung tafakureun balarea.
Ramadhan
Bulan sarebun bulan
Pinuh ku Rahmat ampunan
Ramadhan ya Ramadhan
Kawah candra dimuka
Tempat ngalebur sagala dosa
Malikeun kasucian diri
Suci nu abadi lastrari
Lahir batin hakiki

Lailatul Qodar
Na bulan Ramadhan
Aya hiji peuting nu mulya
Nu pinuh rahmah tur ampunan
Lailatul Qodar nu saestu
Peuting magfiroh nu utama
Dibales amal leuwih ti misti
Lailatul Qodar nya lailatul Qodar
Peuting saerbu bulan

Nujulul Qur’an
Wiati lenglang taya aling-aling
Bentang ting karetip ngaregep eling
Sato-sato ukur jempling
Daun-daun ngilu cicing
Pareng manusa nu nyaring
Manah beuki eling
Mireungeuh turun wahyu
Al Qur’an nya nu saestu
Panuntun urang lumaku

Basa Takbiran
Natrat laku ning hirup kahirupan manusa
Ngalangkang dina laju carita dunya
Nu ngagurat natrat
Basa takbir, tahlil jeung tahmid ngahiap mulang
Kana kasucian wening
Nu kamari pagaloh jeung
Kekebul dosa ….