Wednesday, February 18, 2009

Iber ti dayeuh

Etah geuning, sanaos urang teh paanggang geuing ari sawangan mah tetep manteng. Haturan Kang Deni Kurniawan nu tos ngintun emailna ka sim kuring. Lawas awis teu tepang nya Kang Den... namung dipiharep sadayana wadya balad PAMASS di suklakna disiklukna tetep muga aya dina kasehatan, kasalametan turta dina limpahan rahmat sareng karunia ti Allah SWT. Kang TJ, Teh Witri, Teh Irma, Teh Santi kum wae nu aya di dayeuh Bandung kumaha daramang? Sok ah diantos wartana ku sim kuring. Cag ah dugi kadieu heula ....

Friday, February 13, 2009

KUTAGARA

Kareta kancana nyewuk tarik ninggalkeun nu ngabigeu sisi jalan. Keukeubul mulek diteumbrag patutur-tutur, ukur diteuteup kamana jigna. Biwir nu garing rereyuan, hayangna mah mudalkeun eusining ati. Tapi weleh teu bisa betus nyoara ukur ngabigeu siga patung arca papaes jalan. Mun kongang mah hayang pisan ngajentrekeun naon nu sabenerna aya disadaring ati. Tapi weleh teu bisa balaka. Naha? Teuing atuh naha teu bisa bitu nyoara.
Paneuteup masih manco nuturkeun ngilesna kareta. Asa nahnay awak teh, sukma kabawa ngabelesat bareng jeung nu mangkat tea. Memenitan anteng diayun ambing rasa. Pipikiran ngacacang kamana mendi, rusras ka alam mangsa katukang. Basa layeut, basa babarengan, silih belaan silih kawulaan sapapait samamanis. Asa cik keneh rarasaan teh, asa kamari na kongkonglak panon.
Weleh teu ngarti naha hate teh bet ti belat, kalah nyantel nyosok jero, sumarambah kana bayah.
“Rai, beu teu nyana geuning geulis…. nepi kadieu lalakon hirup teh. Apung-apungan na galura rasa nu mo boa laksana. Beu teungteuingeun Nyai …. naha rasa galura asmara teh nogencang sorangan. Palias boa lalakon Ceurik Rahwana kajadian deui ….”
****
Ti buburanjat ngabeuntakeun panon, napas ngahegak kerep turun naek. Kesang renung maseuhan tarang.
“Beu, asa harianeun, mangsa kumaha ieu teh? Peuting keneh geuing ieu teh. Palias … tong jadi kanyataan. Shinta …., ieu akang ….. Shinta …. Kalah nyuuh dina bantal. Harianeun impian teh…. bet nyingsieunan.” Ngahuleng sorangan.
“Tapi …..” kalah neuteup nyidik-nyidik kana lalangit.
“Aya kutagara…. enya kutagara nu tohaga antara akang jeung anjeun, Shinta. Tapi naha lalakon bet dimimitian. Baeu taya bayana geulis, akang ridho mun tea ahirna kudu dipungkas ku kapeurih. Ridho, akang sarebu kali ridho najan kudu ancur tutumpuran. Asal anjeun geulis tetep jeung akang ….”
Ngalangkag deui, ngabelesat deui raga sukma kumalayang di jomantara, ngirab-ngirab alam nu mo kahaontal raga. Rasa enya ngan ukur rasa, nu bisa ngajajap ka eta alam. Tapi boa pimanaeun bisa meuntas ka alam nyata. Kutagara …. Naha kudu aya kutagara antara akang jeung anjeun geulis…. Gusti, ngan anjeun nu terang ahir ieu lalakon. Gusti …. Gusti …. Panon peureum, biwir renya-renyu, pikir manteng. Diri sadar, pasrah rumasa ngan ukur ngajalankeun lalakon. Lalakon nu teu katohyan awal ahirna. Darma wawayangan, taya tangan pangawasa, ngan usaha jeung tarekah nu sakuduna dipilampah. Gusti ….. Gusti …. Tipepereket. Eling beuki eling mumuntang. Hegak narik napas jero. Asa ampeg asa beurat, beurat kaliwat saking. Aya nu ngagerentes, aya nu nyoara lalaunan.
“Ngajugala, Aing kudu ngajugala! Mun henteu …. Cilaka. Enya mun henteu cilaka diri, cilaka kahormatan …. Geus mangsana Aing ngajugala deui. Ngajugala … pek geura ngajugala. Udag sagala kahayang, sagala paniatan…”
Sumanget ngagedur ngaduruk minuhan dada. Dada nu ragas. Dada nu mimiti kapareuman ku citangis mepes seuneu sumanget.
“Lain rek lahuta. Lain rek umangkeuh. Tapi Aing kudu ajeg dina patekadan. Enya dina patekadan nu pengkuh panceg na tetekon sorangan. Karajaan nu geus lila runtag kudu diajegkeun deui. Ajeg! Kudu ajeg! Kutagara lain panghalang. Kutagara lain wates. Tapi cukang lantara keur kula. Enya keur kula. Kula nu ieu nu nyangkaruk dina raga, dina rasa, dina bayah, dina jajantung. Baeu …. Baeu geulis, urang wujudkeun impian nu mimiti mulasan lalangit carita. Carita nu mimiti mangkak, mimiti tatalu dina lagu asmarandana….”
Kahayang geus bedah mo bisa dihahalang. Carita tacan dipungkas lalakon tacan lekasan.
“Aing Rahwana… Aing Dasamuka Aing nu ngaraja ieu Alengka. Baeu … Shinta urang lalayaran dina jaladri rasa. Rasa kula jeung anjeun…” Anteng sorangan dina implengan ngacacang ka alam nu rek disorang. Nu boa ngawujud boa moal. Hawa tiis ngagayuh, ngajajap ciciptan ka alam impian.
****
Sategah dipupul bayu awak lungse tetempoan kararoneng bumi alam asa tungkeb ngagencet raga sukma. Eungap, eungap kacida katindihan momotan nu kacida beuratna.
“Rahwana, rahwana nu rek ngajugala teh bet perlaya memeh ngayuda. Beu, beu geuning ukur babasaan nu rek ngajugala teh? Mana, mana buktina Rahwana? Hojah, hojah atuh! Lalaki, lalaki anjeun teh …. Lain siga bikang lampah teh, kumeok memeh dipacok. Era, era atuh Rahwana!” Nu ngajejeleh atra nyoara na batinna.
“Gelo, gelo siah! Gandeng, gandeng …. Kumaha karep … moal, moal didenge. Kajeun, kajeun Aing rumasa Rahwana nu cidra nu banci nu teu boga kawasa teu boga wawanen…. Kula moal umangkeuh ngarep-ngarep nu pamohalan. Teu, teu sudi diayun ambing ku ciciptan sorangan Disiksa ku rarasaan sorangan. Lain, lain ukur Shinta nu geulis nu rancunit nu ogo nu …..” Brek deku, lungse leuwih ti lunges raga teh rasa teh uteuk teh sukma teh ….. kumalayang di jomantara ciciptan sorangan.
“Rahwana … Rahwana …. Karunya teuing anjeun teh, geuning kutagara nu rek dirujadkeun teh kacida teuasna kacida tohagana. Karunya … pamohalan kahayang teh baris laksana, jauh kacida jauhna. Teungteuingeun … teungteuingeun nasib anjeun teh Rahwana….”
“Teu … teu kudu anjeun karunya ka kula! Kula masih kuat! Kula masih ajeg pikeun neruskeun ieu lalakon. Lalakon nu terus mere kapeurih. Baeu sagala carita ku kula rek diayonan disorang dilakonan. Mo, mo kula mo mundur sarebu langkah mo gedag bulu salambar. Tingali! Tingali ku anjeun Duruwiksa! Sagalana ku kula rek disangahareupan rek diayonan! “ Jagjag deui ragana.
Rahwana nyerenteng muru ka jalan, teu eureun-eureun lulumpatan, ngudag-ngudag Shinta nu anjeucleung na ciciptan sorangan. Panon poe nutupan beungeut, teu wasa ningali peta Rahwana.****CSS