Monday, June 29, 2009

NGARAN ANAK SASATOAN

Mangsa –mangsa katukang boh dina pangajaran SD, SMP, boh kitu deui SMA remen kapanggih ayana guaran ngeunaan ngaran-ngaran anak sasatoan. Biasana ieu pedaran teh pakait jeung guaran ngeunaan kecap umum jeung husus.
Etang-etang mulangkeun deui kana eta guaran, nya sim kuring dina ieu kasempetan baris ngaguar deui najan ngan saukur sakolebatan, susuganan jadi bahan saheulaanan dina raraga ngumpulkeun deui data ngeunaan ngaran-ngaran anak sato tea.
1. Anak anjing = kirik / kicik 17. Anak deleg/gabus=boncel/kocolan/kokocolan
2. Anak bagong = begu 18. Anak entog = titit
3. Anak bandeng = nanar 19. Anak embe = ceme
4. Anak bangbung =kuuk 20. Anak gajah = menel
5. Anak banteng = bangkanang 21. Anak hayam = pitik/ciak
6. Anak bangkong = buruy 22. Anak japati = piyik
7. Anak belut = kuntit 23. Anak kancra = badal
8. Anak bogo = cingok 24. Anak keuyeup = bonceret
9. Anak boncel = bayong 25. Anak kuda = belo
10. Anak buhaya = bocokok 26. Anak kukupu = hileud
11. Anak kutu = kuar 27. Anak lancah = aom
12. Anak lauk = kebul/burayak 28. Anak lele = nanahaon.
13. Anak lubang = leungli 29. Anak maung = juag/aum
14. Anak meri = titit 30. Anak monyet = begog
15. Anak munding = eneng 31. Anak reungit = utek-utek
16. Anak sapi = pedet 32. Anak ucing = bilatung

Tuesday, June 23, 2009

KECAP RUNDAYAN

Sababaraha waktos kapengker sim kuring nampi sms ti Teh Neneng nu eusina naroskeun ngeunaan kecap rundayan. Ku alatan eta patalekan nya dina ieu kasempetan, sim kuring baris ngadadarkeun sakeudik ngeunaan kecap rundayan tea. Ieu mah etang-etang mulangkeun deui impelangan urang kana materi-materi basa nuju kuliah kapungkur.
Kecap rundayan teh nyaeta kecap asal anu nganggo rarangken. Ari rarangken tea dina basa Sunda mah kacida euyeubna, aya anu disebat rarangken hareup (prefiks), rarangken tengah (infiks), raraken tukang (sufiks), sareng rarangken barung (konfiks).
Biasana kecap rundayan mah kecapna teh miboga harti katut fungsi nu mandiri upama dibandingkeun jeung harti kecap asalna.
Rarangken hareup.
Rarangken hareup jumlahna aya 16 rupa, kayaning : ba-, barang-, di-, ka-, N- (nasal) : m- , n- , ng- , nga- , nge- , ny- ; pa-, pada- , para- , per- , pi- , sa- , sang- , si- , silih- , ti- , ting- / pating- .
Rarangken tengah.
Rarangken aya 3 rupa, nyaeta : -ar- nu miboga alomorf -al- sareng ra- , -in- , -um-.
Rarangken tukang.
Rarangken tukang aya 5 rupa, kayaning : -an, -eun, -ing / -ning, -keun, -na anu rubah oge jadi –ana, -nana.
Rarangken barung.
Rarangken barung aya 8 rupa, nyaeta : ka- … -an, pa-…-an, pang-…-keun, pang-…-na, pi-…-eun, pika-…, pika-…-eun, sa-…-eun.
Dina ngawangun kecap rundayanna mah kantun numutkeun rumus : kecap asal + rarangken wungkul, contona: sa- + jung + -eun → sajungeun.
Sakitu nu dipedar kanggo waktos ayeuna mugia aya mangpaatna. Nuhun.

Saturday, May 30, 2009

FACEBOOK ON THE MY PDA

Keren nya Kang Teteh judulna? Punten sanes hoyong Iinggrisan mung ngarah gampil diindeks ku Google supados seueur nu nganjang ka blog urang.
Satadina mah ngahaja sim kuring teh ngadamel ieu blog namawi siga sasari Ki Dulur masih rararesep keneh tulas-tulis boh sastrana boh sundana, tapi tetela kahoyong teh rada mengpar. Ah ketang sigana mah lain kitu, ukur ceuk kuring eta mah. Da basa kenging iber ti Teh Neneng yen barudak sok araya di facebook, ku sim kuring diudag, dibuka, tetela masih araya keneh. Aya bagja Akang Teteh, geuning masih raresep kaneh tutulisan, tuh sok wae buka ‘Dinding’na facebook nu Teh Asri kan masih keneh sok nyerat sajak ngan hanjakal geuning dina basa malayu, duka panginten bilih inyana tos kakirangan kabeungharan kecap sunda mah, duka tah.
Kang Chepy nu ngaraja mah saur si Teteh oge janten ‘raja facebook’ tingali wae jumlah rencangna mani helok kacida. Kang Tj anu teu aya wartos iberna geuning kapendak dina facebook mah, kumaha nu sanesna? Tong diguar hiji-hiji lah tos tiasa kajudi panginten, sadayana oge haladir dina facebook mah. Pami panasaran sok Akang Teteh ngalink wae ka facebook kapendak geura. Aya fotona oge Akang Teteh boh dina ‘wajah tempo doeloe’ boh dina wanda anyar. Karasep gareulis kan?
Ngan hanjakal ceuk kuring mah Akang Teteh facebook teu dioptimalkeun pikeung silih tukeuran informasi ngan sawates say halo, neangan batur jeung nu silaturahmi. Teu rek nyebat kitu kumaha, sok wae Akang Teteh mampir di grupna PAMASS UNPAD pek tingali nu ngagabungna mung sababaraha ese. Nya kamarana ari nu sanesna?
Tos ah bilih seueur teuing, pokona mah sok wea pilari Ki sobat nu bihari jeung kiwari ngalangkungan facebook, kapendak geura. Ngan omat Akang Teteh ulah disalahgunkeun tong nyerempet kana SII(selingkuh itu indah) nya. Kedah emut ayeuna mah kurang teh tos baruntutan saur Kang Ence mah. Cag…..

Monday, April 6, 2009

RASA SONO DINA SAJAK CHEPY

Dinten ieu rumpaka nampi sajak ti Kang Chepy ngalangkungan email. Asa bagja asa sono kana karancagean ti Kang Chepy, namung basa maos sajakna tea geuning aya nu robah tema teh kapungkur ngan ukur ngajojo kana tema sahinasna geuning ayeuna mah kagambar galindeng rasa sono kana kahirupan asamara. Boa-boa Kang Chepi nuju marudah dina raraga ‘Arjuna mencari Cinta’. Sok geura titenan :

Legana dunya mawa raga teuing kamana
Ingetan mah tetep nganteb ka manehna
Sagara ngan saukur nambahan halabhabna asmara
Manehna ngan manehna
Anjeun enya ngan anjeun
Ari kuring naha ngudag-ngudag kalangkang heulang
Hate ieu teu bisa ngabohong deui

Tembong atra, aya gambaran nu ngalangkang dina sajakna pinuh ku panyungsi kana asmara dina lalakon milari prameswari sajati pikeun ngayuh ngayonan rohakana galura cinta nu putih suci. Ngan hanjakal, impian ukur lamunan, ngudag kalangkang heulang nu mo boa tinekanan. Gerentes hate atra teu bisa dipipindingan deui.
Ku maha Kang leres ieu teh? Ah keun atuh tong galideur apanan ari lalaki mah kudu lalang jagat. Sanes kitu?

Monday, March 2, 2009

PAMASS ’95 kumaha damang?

Alhamdulillah geuning tarekah teh aya hasilna, hiji-hiji Ki Sobat mere iber ti dumukna, kumaha jeung dimana arinyana. Kang Aep, Kang Deni, Kang Ence, Kang Ceppy, Kang Dadan sareng Teh Susi hatur nuhun tos lalebet informasinya. Atuh bilih kanca-kanca hoyong nyambung silaturahmi sareng aranjeuna tiasa ka kontak persona wae nyaeta :
Aep Sonjaya HP 081320366883
Ceppy Khilman E. HP 085759000693 , 085863067024 email : chekhilef@yahoo.com , kaseppisan@gmail.com, pangkasepna@yahoo.com
Dadan Salman I. HP 081573059133
Ence Ali S. HP 08122112344 email : alisajidin@gmail.com
Neneng Susi S. HP 08122320082
Deni Kurniawan email : deni.kasunda@gmail.com
Cucu Sumantri HP 085864081948 email : cucusumantri75@gmail.com
Atuh ka anu sanesna diantos iberna!

Wednesday, February 18, 2009

Iber ti dayeuh

Etah geuning, sanaos urang teh paanggang geuing ari sawangan mah tetep manteng. Haturan Kang Deni Kurniawan nu tos ngintun emailna ka sim kuring. Lawas awis teu tepang nya Kang Den... namung dipiharep sadayana wadya balad PAMASS di suklakna disiklukna tetep muga aya dina kasehatan, kasalametan turta dina limpahan rahmat sareng karunia ti Allah SWT. Kang TJ, Teh Witri, Teh Irma, Teh Santi kum wae nu aya di dayeuh Bandung kumaha daramang? Sok ah diantos wartana ku sim kuring. Cag ah dugi kadieu heula ....

Friday, February 13, 2009

KUTAGARA

Kareta kancana nyewuk tarik ninggalkeun nu ngabigeu sisi jalan. Keukeubul mulek diteumbrag patutur-tutur, ukur diteuteup kamana jigna. Biwir nu garing rereyuan, hayangna mah mudalkeun eusining ati. Tapi weleh teu bisa betus nyoara ukur ngabigeu siga patung arca papaes jalan. Mun kongang mah hayang pisan ngajentrekeun naon nu sabenerna aya disadaring ati. Tapi weleh teu bisa balaka. Naha? Teuing atuh naha teu bisa bitu nyoara.
Paneuteup masih manco nuturkeun ngilesna kareta. Asa nahnay awak teh, sukma kabawa ngabelesat bareng jeung nu mangkat tea. Memenitan anteng diayun ambing rasa. Pipikiran ngacacang kamana mendi, rusras ka alam mangsa katukang. Basa layeut, basa babarengan, silih belaan silih kawulaan sapapait samamanis. Asa cik keneh rarasaan teh, asa kamari na kongkonglak panon.
Weleh teu ngarti naha hate teh bet ti belat, kalah nyantel nyosok jero, sumarambah kana bayah.
“Rai, beu teu nyana geuning geulis…. nepi kadieu lalakon hirup teh. Apung-apungan na galura rasa nu mo boa laksana. Beu teungteuingeun Nyai …. naha rasa galura asmara teh nogencang sorangan. Palias boa lalakon Ceurik Rahwana kajadian deui ….”
****
Ti buburanjat ngabeuntakeun panon, napas ngahegak kerep turun naek. Kesang renung maseuhan tarang.
“Beu, asa harianeun, mangsa kumaha ieu teh? Peuting keneh geuing ieu teh. Palias … tong jadi kanyataan. Shinta …., ieu akang ….. Shinta …. Kalah nyuuh dina bantal. Harianeun impian teh…. bet nyingsieunan.” Ngahuleng sorangan.
“Tapi …..” kalah neuteup nyidik-nyidik kana lalangit.
“Aya kutagara…. enya kutagara nu tohaga antara akang jeung anjeun, Shinta. Tapi naha lalakon bet dimimitian. Baeu taya bayana geulis, akang ridho mun tea ahirna kudu dipungkas ku kapeurih. Ridho, akang sarebu kali ridho najan kudu ancur tutumpuran. Asal anjeun geulis tetep jeung akang ….”
Ngalangkag deui, ngabelesat deui raga sukma kumalayang di jomantara, ngirab-ngirab alam nu mo kahaontal raga. Rasa enya ngan ukur rasa, nu bisa ngajajap ka eta alam. Tapi boa pimanaeun bisa meuntas ka alam nyata. Kutagara …. Naha kudu aya kutagara antara akang jeung anjeun geulis…. Gusti, ngan anjeun nu terang ahir ieu lalakon. Gusti …. Gusti …. Panon peureum, biwir renya-renyu, pikir manteng. Diri sadar, pasrah rumasa ngan ukur ngajalankeun lalakon. Lalakon nu teu katohyan awal ahirna. Darma wawayangan, taya tangan pangawasa, ngan usaha jeung tarekah nu sakuduna dipilampah. Gusti ….. Gusti …. Tipepereket. Eling beuki eling mumuntang. Hegak narik napas jero. Asa ampeg asa beurat, beurat kaliwat saking. Aya nu ngagerentes, aya nu nyoara lalaunan.
“Ngajugala, Aing kudu ngajugala! Mun henteu …. Cilaka. Enya mun henteu cilaka diri, cilaka kahormatan …. Geus mangsana Aing ngajugala deui. Ngajugala … pek geura ngajugala. Udag sagala kahayang, sagala paniatan…”
Sumanget ngagedur ngaduruk minuhan dada. Dada nu ragas. Dada nu mimiti kapareuman ku citangis mepes seuneu sumanget.
“Lain rek lahuta. Lain rek umangkeuh. Tapi Aing kudu ajeg dina patekadan. Enya dina patekadan nu pengkuh panceg na tetekon sorangan. Karajaan nu geus lila runtag kudu diajegkeun deui. Ajeg! Kudu ajeg! Kutagara lain panghalang. Kutagara lain wates. Tapi cukang lantara keur kula. Enya keur kula. Kula nu ieu nu nyangkaruk dina raga, dina rasa, dina bayah, dina jajantung. Baeu …. Baeu geulis, urang wujudkeun impian nu mimiti mulasan lalangit carita. Carita nu mimiti mangkak, mimiti tatalu dina lagu asmarandana….”
Kahayang geus bedah mo bisa dihahalang. Carita tacan dipungkas lalakon tacan lekasan.
“Aing Rahwana… Aing Dasamuka Aing nu ngaraja ieu Alengka. Baeu … Shinta urang lalayaran dina jaladri rasa. Rasa kula jeung anjeun…” Anteng sorangan dina implengan ngacacang ka alam nu rek disorang. Nu boa ngawujud boa moal. Hawa tiis ngagayuh, ngajajap ciciptan ka alam impian.
****
Sategah dipupul bayu awak lungse tetempoan kararoneng bumi alam asa tungkeb ngagencet raga sukma. Eungap, eungap kacida katindihan momotan nu kacida beuratna.
“Rahwana, rahwana nu rek ngajugala teh bet perlaya memeh ngayuda. Beu, beu geuning ukur babasaan nu rek ngajugala teh? Mana, mana buktina Rahwana? Hojah, hojah atuh! Lalaki, lalaki anjeun teh …. Lain siga bikang lampah teh, kumeok memeh dipacok. Era, era atuh Rahwana!” Nu ngajejeleh atra nyoara na batinna.
“Gelo, gelo siah! Gandeng, gandeng …. Kumaha karep … moal, moal didenge. Kajeun, kajeun Aing rumasa Rahwana nu cidra nu banci nu teu boga kawasa teu boga wawanen…. Kula moal umangkeuh ngarep-ngarep nu pamohalan. Teu, teu sudi diayun ambing ku ciciptan sorangan Disiksa ku rarasaan sorangan. Lain, lain ukur Shinta nu geulis nu rancunit nu ogo nu …..” Brek deku, lungse leuwih ti lunges raga teh rasa teh uteuk teh sukma teh ….. kumalayang di jomantara ciciptan sorangan.
“Rahwana … Rahwana …. Karunya teuing anjeun teh, geuning kutagara nu rek dirujadkeun teh kacida teuasna kacida tohagana. Karunya … pamohalan kahayang teh baris laksana, jauh kacida jauhna. Teungteuingeun … teungteuingeun nasib anjeun teh Rahwana….”
“Teu … teu kudu anjeun karunya ka kula! Kula masih kuat! Kula masih ajeg pikeun neruskeun ieu lalakon. Lalakon nu terus mere kapeurih. Baeu sagala carita ku kula rek diayonan disorang dilakonan. Mo, mo kula mo mundur sarebu langkah mo gedag bulu salambar. Tingali! Tingali ku anjeun Duruwiksa! Sagalana ku kula rek disangahareupan rek diayonan! “ Jagjag deui ragana.
Rahwana nyerenteng muru ka jalan, teu eureun-eureun lulumpatan, ngudag-ngudag Shinta nu anjeucleung na ciciptan sorangan. Panon poe nutupan beungeut, teu wasa ningali peta Rahwana.****CSS