Thursday, January 20, 2011

Protokol

Protokol nyaeta jalma nu pancenna mingpin atawa mawakeun hiji acara kagiatan boh nu sipatna resmi atawa teu resmi. Protokol disebut oge pembawa acara atawa dina istilah ayeuna mah disebut Master of Ceremonies (MC).

Pikeun jadi MC nu hade kudu miboga bekel :

1. Sora nu hade.

2. Miboga kapribadian jeung intelekstual nu hade, dirojong ku jembarna pangaweruh.

3. Miboga tagog jeung budi basa nu hade.

Tatahar dina prungna jadi MC:

1. Pastikeun kaayaan awak rileks, seger jeung normal.

2. Ungkulan rasa gugup ku cara narik napas nu jero tur panjang.

3. Gerakkeun awak pikeun nyalsekeun otot-otot nu tegang.

4. Nangtung kalayan tegep baris dibarung ku imut.

5. Pikanyaho kaayaan rohangan/tempat nu rek jadi tempat acara lumangsung (know the room).

6. Pikanyaho karakter tamu jeung tingali inyana salaku jalma nu dipisobat (know the audience).

7. Kawasaan bahan/acara nu rek dibawakeun (know the material).

8. Baca pabukon (literatur) pikeun nambahan pangaweruh.

9. Susun hal nu poko/inti pikeun leuwih ngagampangkeun ingetan urang kana naon rek diucapkeun.

10. Kahade tong loba teuing menta dihampura.

11. Kahade tong ninggalkeundaftar acara (rundown) .

12. Pake pakean nu luyu jeung cocog jeung acara, ulah nepika saltum (salah kostum).

13. Pake make up boh lalaki boh awewe pikeun nambahan kapercayaan diri sok komo lamun di rekam dina hareupeun kamera.

14. Pigawe gerakan leungeun saperluna, ulah kaleuleuwihi.

15. Jaga baham jeung tikoro ngarah tetep baseuh pikeun ieu hal bisa disiapkeun cai herang pikeun diinum upama diperlukeun.

16. Ulah dahar jeung nginum nu bisa nimbulkeun hal anu ngaganggu kana organ tubuh minimal sajam samemeh prungna acara saperti nginum soda, dahar nu ngandung lemak, dahareun nu lada atawa aseum.

17. Tampil kalayan percaya diri (Pede).

Pikeun jadi MC nu hade sahenteuna urang kudu miboga tehnik voka nu masagi. Tehnik vokal nu kudu dipiboga teh diantarana wae:

1. Intonasi, gunakeun intonasi, nada, irama dina ngalafalkeun kalimah.

2. Aksentuasi (lentong), bere tekenan (stressing) kana kalimah nu dianggap penting. Kahade ulah ngegunakeun lentong daerah.

3. Kecepatan (speed) omongan, dina waktu cumarita kahade tong gancang teuing atawa tong alon teuing.

4. Artikulasi, nyaeta ngucapkeun kalimah kalayan bentes kitu deui dina lafal kecap.

5. Infleksi, ngawengku lagu kalimah jeung parobahan nada sora.

Saturday, January 15, 2011

SAWER PANGANTEN

Sawer panganten mangrupa bagian tina runtuyan upacara adat kawinan Sunda. Runtuyan upacara adat kawinan Sunda ngawengku :

1. Neundeun omongan

2. Nanyaan

3. Seserahan

4. Ngeuyeuk seureuh

5. Akad nikah

6. Nyawer

Kecap sawer asalna tina kecap awer nyaeta sipat barang encer nu murag mawur. Sawer panganten biasana dilakukeun dina panyaweran nyaeta tempat panyurugan cai hujan tina kenteng. Dina waktuna nyawer sok ditembangkeun puisi sawer, nu ditembangkeun ku juru sawer. Eusi rumpaka sawer mangrupa papatah pikeun panganten nu rek ngamimitian ngokolahkeun rumah tangga laki rabi ngarah bisa hirup runtut raut sauyunan.

Dina sawer panganten oge sok dibarengan ku ngawurkeun beas, duit receh jeung koneng sarta bari dipayungan . Eta hal teh miboga kias lambang :

Beas miboga kias nu nyababkeun hirup manusa

Duit miboga kias duna barana atawa barang nu berharga

Koneng miboga kias ceuk urang sunda mah koneng temen maksudna kias jujur, dina basa sunda aya temen wekel nu maksudna dina neangan rejeki teh kudu kalayan jujur jeung sabar ngarah tinemu jeung kabagjaan hirup.

Sedengkeun dipayungan miboga maksud sanajan kumaha bae oge urang kudu bisa mayungan ngajaga diri sarta ati-ati dina sagala hal.

Rumpaka sawer biasana diwangun ku opat baris aya oge nu genep baris, lagu tembang nu digunakeun dina sawer nyaeta sekar macapat kayaning dangdanggula, kinanti, sinom. Kitu deui aya oge nu ngagunakeun kidung.

Thursday, October 28, 2010

SISINDIRAN

Sisindiran asalna tina kecap sindir, nu hartina omongan nu dibalibirkeun.

Tina wangunna, sisindiran kabagi jadi

  1. paparikan
  2. rarakitan
  3. wawangsalan

Paparikan

asalna tina parek, nyaeta hartina deukeut.

Aturan dina paparikan :

  1. unggal padalisan (baris) diwangun ku 8 engang.
  2. unggal pada (bait) diwangun 4 padalisan, padalisan ka-1 & ka-2 mangrupa cangkang sedeng padalisan ka-3 & ka-4 mangrupa eusi
  3. aya purwakanti laras wekas

Tina eusina, paparikan kabagi jadi :

  1. paparikan piwuruk, nyaeta paparikan nu eusina nasehat, papatah jeung piwuruk
  2. paparikan silih asih, nyaeta paparikan nu eusina cinta, asmara & birahi.
  3. paparikan sesebred, nyaeta paparikan nu eusina heureuy, banyol & guguyon.

Rarakitan

Asalna tina kecap rakit, nu hartina sapasang.

Aturan dina rarakitan :

1. unggal padalisan diwangun ku 8 engang.

2. unggal pada diwangun 4 padalisan, padalisan ka-1 & ka-2 mangrupa cangkang sedeng padalisan ka-3 & ka-4 mangrupa eusi

3. Kecap awal dina padalisan ka-1 baris di ulang dina kecap awal dina padalisan ka-3 kitu deui kecap awal dina padalisan ka-2 baris di ulang dina pada lisan

ka-4 (mindoan kawit)

4. aya purwakanti laras wekas

Tina eusina rarakitan kabagi jadi :

1. Rarakitan piwuruk, contona :

Sing getol nginum jajamu

Nu guna nguatkeun urat

Sing getol neangan elmu

Nu guna dunya aherat

2. Rarakitan silih asih, contona :

Sapanjang jalan soreang

Moal weleh diaspalan

Sapanjang tacan kasorang

Moal weleh diakalan

3. Rarakitan sesebred, contona :

Aya listrik di masigit

Hanjakal moncor ka kolong

Aya istri jangkung alit

Hanjakal tonggongna bolong

Wawangsalan

Asalna tina kecap wangsal, nu hartina teguh/bade.

Aturan dina wawangsalan :

1. unggal padalisan diwangun ku 8 engang

2. unggal pada diwangun ku 2 padalisan, padalisan ka-1 magrupa cangkang sedeng padalisan ka -2 mangrupa eusi

tapi masih kudu diteguh/bade

heula

3. aya kecap konci (keyword) dina padalisan ka-2 nu sorana ngadeukeutan sora kecap eusi wangsalna.

Contona :

Kendang gede pakauman

Dag dig dug rasaning ati

(wangsalna : bedug)

Belut sisit saba darat

Kapiraray siang wengi

(wangsalna: oray)

Beas ditutuan deui

Iraha atuh patepung

(wangsalna : tipung)

Friday, September 4, 2009

Sajak-sajak Ramadhan
Nalika Ramadhan datang, rasa pikir jeung tafakur ngaji diri nyaliksik lampah nu kungsi di sorang ngalangkang dina lalakon mangsa. Ngagurat atra ngagores dina carita hirup manusa. Ramadhan mangsa nyatet amal hade, carita bagja nu mo leungit na dasaring ati sanu bari.
Sajak minangka wawakil tina kedaling ati, nyatet eta pangalaman nu kungsi di sorang jeung dilakonan nu mo ilang na ciciptan. Rasa, asa jeung sawangan gumulung jadi panineungan nu atra ka gambar dina imaji-imaji runtuyan kedaling padalisan.
Ahirna, mangga nyanggakeun aweuhan sajak-sajak Ramadhan, mugia aya pulunganeun jeung tafakureun balarea.
Ramadhan
Bulan sarebun bulan
Pinuh ku Rahmat ampunan
Ramadhan ya Ramadhan
Kawah candra dimuka
Tempat ngalebur sagala dosa
Malikeun kasucian diri
Suci nu abadi lastrari
Lahir batin hakiki

Lailatul Qodar
Na bulan Ramadhan
Aya hiji peuting nu mulya
Nu pinuh rahmah tur ampunan
Lailatul Qodar nu saestu
Peuting magfiroh nu utama
Dibales amal leuwih ti misti
Lailatul Qodar nya lailatul Qodar
Peuting saerbu bulan

Nujulul Qur’an
Wiati lenglang taya aling-aling
Bentang ting karetip ngaregep eling
Sato-sato ukur jempling
Daun-daun ngilu cicing
Pareng manusa nu nyaring
Manah beuki eling
Mireungeuh turun wahyu
Al Qur’an nya nu saestu
Panuntun urang lumaku

Basa Takbiran
Natrat laku ning hirup kahirupan manusa
Ngalangkang dina laju carita dunya
Nu ngagurat natrat
Basa takbir, tahlil jeung tahmid ngahiap mulang
Kana kasucian wening
Nu kamari pagaloh jeung
Kekebul dosa ….

Saturday, August 22, 2009

കാരിട PONDOK


Ibarat ngawangun dunya anyar nu ngarang carita tihothat ngetrukkeun sagala kabisa pikeun ngawangun tatanan kahirupan di dunya imajinasi (mimesis). Dunya nu anyar nu teu jauh beda jeung dunya nu teges (realita). Malah bisa disebutkeun dunya nu onjoy ti dunya nu urang (nyata).
Luyu jeung ngaranna nyaeta carita pondok, caritana oge henteu reumbeuy ku sagala hal tapi estuning ngaguluyur basajan pisan.
Naon atuh nu sabenerna nu matak pipogoteun dina carita pondok teh? Hese pisan pikeun ngajawab eta pananya teh, loba hal nu karasa tapi hese dikedalkeunana. Tapi sahenteuna aya sababaraha alesan pikeun nu maca carita pondok pogot kana bacaanna eta, nyaeta :
1. Ku sabab ngaran nu ngarangna;
2. Gaya dina caritana (style);
3. Bubuka dina carita.
Lesot tina dua hal nyaeta ngaran nu ngarang carita, kitu deui gayana, urang gurat handapan ngeunaan bubuka carita.
Aya dua hal nu kawilang penting dina carita pondok nyaeta ngawangun alinea awal jeung ahir carita. Kumaha tehnikna?
Ceuk panitenan, pikeun ngawangun alinea bubuka ukur aya dua tehnik nyaeta:
1. ku cara muka make alinea biasa, jeung
2. ku cara muka make obrolan (dialog).
Nu make alinea biasa, dina bubukana teh pirajeungan sok dieusian ku ayana setting (latar) carita.
Nu make obrolan, biasana langsung ku paguneman boh ngebrehkeun setting atawa langsung kana puseurna carita.
Ngeunaan ahir carita (pungkasan carita), ceuk sim kuring urang usahakeun pungkasan carita teh sing bisa neundeun kesan nu jero keur nu maca. Kitu deui nu maca diusahakeun sing bisa mere kacindekan sorangan kana eta tungtung caritana.
Pasualan liana, dina carita pondok, nyaeta ayana unsur carita. Ceuk ahli sastra ngebrehkeun yen dina carita pondok teh kudu aya sipat tabeat (karakter) nu atra dina tokoh caritana. Si tokoh mangrupa poseur ideu (sawangan) tina carita. Carita dimimitian ti tokoh, kita deui dipungkas ku nasib anu tumiba ka eta tokoh. Unsur sipat tabeat leuwih euyeub tibatan unsur sorangan.
Dumasar kana sawangan tadi, tetela dina carita pondok teh kudu diwangun ku:
1. tema carita;
2. galur carita (plot);
3. gambaran sipat tabeat (character delineation); jeung
4. latar (setting)
Kamampuh nu ngarang dina ngahirupan kaopat unsur tadi, geus kairong bakal bisa ngahirupan galur carita. Upamana wae nu ngarang ngahirupan caritana ku ngagunakaeun galur maju, atawa galur mundur, kitu deui mobok ti tengah, tetela baris ngahudang rasa ngeunahna carita maju atawa mundur.
Ngawangun carita pondok, saenyana lain mangrupa gawe bangga. Tapi ukur mibutuh kaleukeunan dina ngagarapna. Gaya jeung tehnik baris nuturkeun sorangan, keur saheulaanan urang bisa ngamimiti tina niru-niru gaya nu geus aya.
Pamungkas, der ah urang mimitian….

Saturday, August 15, 2009

IMAJI

Imaji bisa diwangenan ku mangrupa gambaran sawangan anu aya dina karya sastra. Ieu gambaran sawangan tèh mindeng ngabalukarkeun hiji dorongan keur ngaprèsiasikeun hiji karya sastra utamana mah sajak.
Imaji bisa kapasing jadi opat rupa, nyaèta :
1. Imaji Visual, nyaèta imaji anu mangrupa gambaran sawangan tina hasil panitèn panca indra panon urang. Lebah dieu mah nyaèta gambaran sawangan anu katengetan tur katingali ku panon urang, boh sipatna boh rigigna.
2. Imaji Audiotif, nyaeta imaji nu mangrupa gambaran sawangan hasil pamireng atawa pangdèngè indra urang. Lebah dieu mah nyaèta gambaran anu kadèngè ku urang.
3. Imaji taktil, nyaèta anu mangrupa gambaran sawangan hasil tina pangraba indra urang. Lebah dieu mah nya gambaran sawangan anu ngawujud rasa, kayaning panas, tiis, kasar, lemes katut sabangsana. Utamana mah nyoko kana rasa tina pangraba kulit urang. Ku kituna imaji taktil mah sok disebut ogè ku imaji perabaan.
4. Citraan kinèstètik nyaèta imaji anu ngagambarkeun hiji hal atawa barang nu cicing (paèh) jadi bisa obah (gerak). Lebah dieu mah nya ngagambarkeun hal atawa barang anu cicing (paèh) lir hirup boga nyawa. Tapi aya nu kudu dikekentengan nyaèta ngeunaan gerakna, gerak atawa obahna tèh bisa mangrupa gerak usik dina harti henteu ninggalkeun tempatna, bisa ogè ku mangrupa gerak biasa nyaèta gerak anu incah tina tempatna. Nya di dieu mah lir jalma atawa sato nu keur milampah.
Imaji miboga fungsi anu penting dina ngahirupan karya sastra (sajak). Sajak mangrupa ungkapan pangalaman puitis tinu ngarangna, ku kituna ngaliwatan imaji, sajak geus mèrè pangalaman anyar dina pulas-pulas kalangkang nu ngagambarkeun alam pikiran nu maca.

Saturday, August 1, 2009

DIAJAR NGARANG


Ku : Cucu Sumantri

Diajar ngarang, asa lega teuing nu rek diguar teh, tapi najan kitu urang cobaan pedar wae. Dina sawatara buku anu aya patula-patalina jeung bab ngarang, netelakeun yen dina gurat badagna mah ngarang teh nyaeta mindahkeun sawangan nu aya dina uteuk urang kana basa tulisan. Ku kituna hasil eta tulisan teh mangrupa gambaran nu nyata tina naon nu disawang tur diimpleng dina jero uteuk.
Uteuk urang lir mesin komputer nu terus digawe pikeun nyimpen data-data nu asup ngaliwatan panca indra. Ku kituna jalma nu tetep malire kana kaayaan sabudeureunana baris miboga pangalaman nu lega dina uteuk jeung batinna.
Ieu pangalaman baris katembrakeun dina kumaha dirina ngebrehkeun eta sawangan. Pangalaman-pangalaman nu karegepkeun ku panca indra, baris ngajaul jadi hiji ideu. Saterusna ieu ideu baris bisa jadi hiji tulisan, upama terus diropea dina basa tulisan.
Aya nu nyebutkeun yen ideu tetep mangrupa ideu, lain mangrupa hiji karya. Maksud teh kieu, ideu moal bisa disebut karya mun can ngawujud dina barang nyata. Pakaitna jeung ieu guaran nya didieu mah anu mangrupa tulisan tea.
Ceuk Pope dina Essay on Criticism netelakeun gampangna nulis teh balukar ayana seni, ku kituna lain ngan ukur kabeneran ujug-ujug aya. Ceuk Pope oge, jalma nu gesit tanginas teh nyaeta jalma nu pinter ngigelan kaayaan. Loba sawangan nu bisa mesek omongan ti Pope ieu, diantarana wae ku sim kuring rek dipesek kieu, jalma nu kuuleun dina tanda kekenteng baris hese pisan pikeun medalkeun hiji karya.
Karya, karya, kunaon sih manusa bisa miboga karya?
Dina harti nu lega karya teh loba pisan harti jeung wujudna. Boh nyata boh abstrak. Ngarah henteu lega teuing urang heureutan wae karya dina sastra. Tapi ngarah leuwih nyoko kana ieu guaran, urang heureutan deui kana pananya, kumaha sih carana sangkan bisa nulis?
Ceuk Disraeli, sabenerna rusiah sukses teh nyaeta leukeun kana hiji tujuan. Jalma nu satengah-satengah dina tujuanna sorangan, saenyana mah eta jalma nu kasorang memeh perang. Hal nu penting lianna dina bab nulis, nyaeta naon sababna urang nulis?
Loba pisan pikeun pijawabeunana, eta bisa ditanyakeun deui kana diri urang sorangan. Ngan dina ieu guaran, sim kuring rek ngebrehkeun tilu jawaban kana eta pananya. Ceuk Alden Hatch, jalma bisa nulis mun manehna keur butuh duit. Ceuk Roger Burlingame, jalma bisa nulis mun manehna meunang bangbaluh. Ceuk Norman Vincent Peale mah, jalma bisa nulis teh alatan manehna meunang panangtang dina batinna.
Harry Edwar Neal ngebrehkeun sawanganana keur nu rek mimiti nyarungsum dina dunya tulis tinulis, ceuk anjeunna :
Tanyakeun kana diri, kunaon hayang ancrub kana dunya tulis tinulis.
Catet heug tulis naon wae dina waktu nu sarua unggal poe.
Tong miharep jadi jalma nu professional.
Tong ngarasa handeueul mun engke nampa surat penolakan atawa naskah tulisan dibalikeun deui.
Tong menta pangajen ngeunaan tulisan urang ka baraya atawa sobat nu henteu apal kana bab tulis tinulis.
Hargaan kritik nu diebrehkeun kana tulisan urang.
Lobakeun maca buku.
Itung-itung mungkas ieu sawangan, sim kuring rek ngebrehkeun, dina ceuli nongtoreng keneh omongan ti Roger Burlingame jeung John Grossner : Tulis! Tulis! Tingali kaayaan sabudeureun! Tulis! Tulis! Tulis!
Sakitu nu diguar teh mugia aya pulunganeunana. Kade poho ceuk George Simmon : Maca! Maca! Maca! Tong poho Maca!
Hirupkeun! Hirupkeun! Hirupkeun! Tong poho pek tulis …. Tulis! Tulis!
Cag nepi ka dieu….