Friday, September 4, 2009

Sajak-sajak Ramadhan
Nalika Ramadhan datang, rasa pikir jeung tafakur ngaji diri nyaliksik lampah nu kungsi di sorang ngalangkang dina lalakon mangsa. Ngagurat atra ngagores dina carita hirup manusa. Ramadhan mangsa nyatet amal hade, carita bagja nu mo leungit na dasaring ati sanu bari.
Sajak minangka wawakil tina kedaling ati, nyatet eta pangalaman nu kungsi di sorang jeung dilakonan nu mo ilang na ciciptan. Rasa, asa jeung sawangan gumulung jadi panineungan nu atra ka gambar dina imaji-imaji runtuyan kedaling padalisan.
Ahirna, mangga nyanggakeun aweuhan sajak-sajak Ramadhan, mugia aya pulunganeun jeung tafakureun balarea.
Ramadhan
Bulan sarebun bulan
Pinuh ku Rahmat ampunan
Ramadhan ya Ramadhan
Kawah candra dimuka
Tempat ngalebur sagala dosa
Malikeun kasucian diri
Suci nu abadi lastrari
Lahir batin hakiki

Lailatul Qodar
Na bulan Ramadhan
Aya hiji peuting nu mulya
Nu pinuh rahmah tur ampunan
Lailatul Qodar nu saestu
Peuting magfiroh nu utama
Dibales amal leuwih ti misti
Lailatul Qodar nya lailatul Qodar
Peuting saerbu bulan

Nujulul Qur’an
Wiati lenglang taya aling-aling
Bentang ting karetip ngaregep eling
Sato-sato ukur jempling
Daun-daun ngilu cicing
Pareng manusa nu nyaring
Manah beuki eling
Mireungeuh turun wahyu
Al Qur’an nya nu saestu
Panuntun urang lumaku

Basa Takbiran
Natrat laku ning hirup kahirupan manusa
Ngalangkang dina laju carita dunya
Nu ngagurat natrat
Basa takbir, tahlil jeung tahmid ngahiap mulang
Kana kasucian wening
Nu kamari pagaloh jeung
Kekebul dosa ….

Saturday, August 22, 2009

കാരിട PONDOK


Ibarat ngawangun dunya anyar nu ngarang carita tihothat ngetrukkeun sagala kabisa pikeun ngawangun tatanan kahirupan di dunya imajinasi (mimesis). Dunya nu anyar nu teu jauh beda jeung dunya nu teges (realita). Malah bisa disebutkeun dunya nu onjoy ti dunya nu urang (nyata).
Luyu jeung ngaranna nyaeta carita pondok, caritana oge henteu reumbeuy ku sagala hal tapi estuning ngaguluyur basajan pisan.
Naon atuh nu sabenerna nu matak pipogoteun dina carita pondok teh? Hese pisan pikeun ngajawab eta pananya teh, loba hal nu karasa tapi hese dikedalkeunana. Tapi sahenteuna aya sababaraha alesan pikeun nu maca carita pondok pogot kana bacaanna eta, nyaeta :
1. Ku sabab ngaran nu ngarangna;
2. Gaya dina caritana (style);
3. Bubuka dina carita.
Lesot tina dua hal nyaeta ngaran nu ngarang carita, kitu deui gayana, urang gurat handapan ngeunaan bubuka carita.
Aya dua hal nu kawilang penting dina carita pondok nyaeta ngawangun alinea awal jeung ahir carita. Kumaha tehnikna?
Ceuk panitenan, pikeun ngawangun alinea bubuka ukur aya dua tehnik nyaeta:
1. ku cara muka make alinea biasa, jeung
2. ku cara muka make obrolan (dialog).
Nu make alinea biasa, dina bubukana teh pirajeungan sok dieusian ku ayana setting (latar) carita.
Nu make obrolan, biasana langsung ku paguneman boh ngebrehkeun setting atawa langsung kana puseurna carita.
Ngeunaan ahir carita (pungkasan carita), ceuk sim kuring urang usahakeun pungkasan carita teh sing bisa neundeun kesan nu jero keur nu maca. Kitu deui nu maca diusahakeun sing bisa mere kacindekan sorangan kana eta tungtung caritana.
Pasualan liana, dina carita pondok, nyaeta ayana unsur carita. Ceuk ahli sastra ngebrehkeun yen dina carita pondok teh kudu aya sipat tabeat (karakter) nu atra dina tokoh caritana. Si tokoh mangrupa poseur ideu (sawangan) tina carita. Carita dimimitian ti tokoh, kita deui dipungkas ku nasib anu tumiba ka eta tokoh. Unsur sipat tabeat leuwih euyeub tibatan unsur sorangan.
Dumasar kana sawangan tadi, tetela dina carita pondok teh kudu diwangun ku:
1. tema carita;
2. galur carita (plot);
3. gambaran sipat tabeat (character delineation); jeung
4. latar (setting)
Kamampuh nu ngarang dina ngahirupan kaopat unsur tadi, geus kairong bakal bisa ngahirupan galur carita. Upamana wae nu ngarang ngahirupan caritana ku ngagunakaeun galur maju, atawa galur mundur, kitu deui mobok ti tengah, tetela baris ngahudang rasa ngeunahna carita maju atawa mundur.
Ngawangun carita pondok, saenyana lain mangrupa gawe bangga. Tapi ukur mibutuh kaleukeunan dina ngagarapna. Gaya jeung tehnik baris nuturkeun sorangan, keur saheulaanan urang bisa ngamimiti tina niru-niru gaya nu geus aya.
Pamungkas, der ah urang mimitian….

Saturday, August 15, 2009

IMAJI

Imaji bisa diwangenan ku mangrupa gambaran sawangan anu aya dina karya sastra. Ieu gambaran sawangan tèh mindeng ngabalukarkeun hiji dorongan keur ngaprèsiasikeun hiji karya sastra utamana mah sajak.
Imaji bisa kapasing jadi opat rupa, nyaèta :
1. Imaji Visual, nyaèta imaji anu mangrupa gambaran sawangan tina hasil panitèn panca indra panon urang. Lebah dieu mah nyaèta gambaran sawangan anu katengetan tur katingali ku panon urang, boh sipatna boh rigigna.
2. Imaji Audiotif, nyaeta imaji nu mangrupa gambaran sawangan hasil pamireng atawa pangdèngè indra urang. Lebah dieu mah nyaèta gambaran anu kadèngè ku urang.
3. Imaji taktil, nyaèta anu mangrupa gambaran sawangan hasil tina pangraba indra urang. Lebah dieu mah nya gambaran sawangan anu ngawujud rasa, kayaning panas, tiis, kasar, lemes katut sabangsana. Utamana mah nyoko kana rasa tina pangraba kulit urang. Ku kituna imaji taktil mah sok disebut ogè ku imaji perabaan.
4. Citraan kinèstètik nyaèta imaji anu ngagambarkeun hiji hal atawa barang nu cicing (paèh) jadi bisa obah (gerak). Lebah dieu mah nya ngagambarkeun hal atawa barang anu cicing (paèh) lir hirup boga nyawa. Tapi aya nu kudu dikekentengan nyaèta ngeunaan gerakna, gerak atawa obahna tèh bisa mangrupa gerak usik dina harti henteu ninggalkeun tempatna, bisa ogè ku mangrupa gerak biasa nyaèta gerak anu incah tina tempatna. Nya di dieu mah lir jalma atawa sato nu keur milampah.
Imaji miboga fungsi anu penting dina ngahirupan karya sastra (sajak). Sajak mangrupa ungkapan pangalaman puitis tinu ngarangna, ku kituna ngaliwatan imaji, sajak geus mèrè pangalaman anyar dina pulas-pulas kalangkang nu ngagambarkeun alam pikiran nu maca.

Saturday, August 1, 2009

DIAJAR NGARANG


Ku : Cucu Sumantri

Diajar ngarang, asa lega teuing nu rek diguar teh, tapi najan kitu urang cobaan pedar wae. Dina sawatara buku anu aya patula-patalina jeung bab ngarang, netelakeun yen dina gurat badagna mah ngarang teh nyaeta mindahkeun sawangan nu aya dina uteuk urang kana basa tulisan. Ku kituna hasil eta tulisan teh mangrupa gambaran nu nyata tina naon nu disawang tur diimpleng dina jero uteuk.
Uteuk urang lir mesin komputer nu terus digawe pikeun nyimpen data-data nu asup ngaliwatan panca indra. Ku kituna jalma nu tetep malire kana kaayaan sabudeureunana baris miboga pangalaman nu lega dina uteuk jeung batinna.
Ieu pangalaman baris katembrakeun dina kumaha dirina ngebrehkeun eta sawangan. Pangalaman-pangalaman nu karegepkeun ku panca indra, baris ngajaul jadi hiji ideu. Saterusna ieu ideu baris bisa jadi hiji tulisan, upama terus diropea dina basa tulisan.
Aya nu nyebutkeun yen ideu tetep mangrupa ideu, lain mangrupa hiji karya. Maksud teh kieu, ideu moal bisa disebut karya mun can ngawujud dina barang nyata. Pakaitna jeung ieu guaran nya didieu mah anu mangrupa tulisan tea.
Ceuk Pope dina Essay on Criticism netelakeun gampangna nulis teh balukar ayana seni, ku kituna lain ngan ukur kabeneran ujug-ujug aya. Ceuk Pope oge, jalma nu gesit tanginas teh nyaeta jalma nu pinter ngigelan kaayaan. Loba sawangan nu bisa mesek omongan ti Pope ieu, diantarana wae ku sim kuring rek dipesek kieu, jalma nu kuuleun dina tanda kekenteng baris hese pisan pikeun medalkeun hiji karya.
Karya, karya, kunaon sih manusa bisa miboga karya?
Dina harti nu lega karya teh loba pisan harti jeung wujudna. Boh nyata boh abstrak. Ngarah henteu lega teuing urang heureutan wae karya dina sastra. Tapi ngarah leuwih nyoko kana ieu guaran, urang heureutan deui kana pananya, kumaha sih carana sangkan bisa nulis?
Ceuk Disraeli, sabenerna rusiah sukses teh nyaeta leukeun kana hiji tujuan. Jalma nu satengah-satengah dina tujuanna sorangan, saenyana mah eta jalma nu kasorang memeh perang. Hal nu penting lianna dina bab nulis, nyaeta naon sababna urang nulis?
Loba pisan pikeun pijawabeunana, eta bisa ditanyakeun deui kana diri urang sorangan. Ngan dina ieu guaran, sim kuring rek ngebrehkeun tilu jawaban kana eta pananya. Ceuk Alden Hatch, jalma bisa nulis mun manehna keur butuh duit. Ceuk Roger Burlingame, jalma bisa nulis mun manehna meunang bangbaluh. Ceuk Norman Vincent Peale mah, jalma bisa nulis teh alatan manehna meunang panangtang dina batinna.
Harry Edwar Neal ngebrehkeun sawanganana keur nu rek mimiti nyarungsum dina dunya tulis tinulis, ceuk anjeunna :
Tanyakeun kana diri, kunaon hayang ancrub kana dunya tulis tinulis.
Catet heug tulis naon wae dina waktu nu sarua unggal poe.
Tong miharep jadi jalma nu professional.
Tong ngarasa handeueul mun engke nampa surat penolakan atawa naskah tulisan dibalikeun deui.
Tong menta pangajen ngeunaan tulisan urang ka baraya atawa sobat nu henteu apal kana bab tulis tinulis.
Hargaan kritik nu diebrehkeun kana tulisan urang.
Lobakeun maca buku.
Itung-itung mungkas ieu sawangan, sim kuring rek ngebrehkeun, dina ceuli nongtoreng keneh omongan ti Roger Burlingame jeung John Grossner : Tulis! Tulis! Tingali kaayaan sabudeureun! Tulis! Tulis! Tulis!
Sakitu nu diguar teh mugia aya pulunganeunana. Kade poho ceuk George Simmon : Maca! Maca! Maca! Tong poho Maca!
Hirupkeun! Hirupkeun! Hirupkeun! Tong poho pek tulis …. Tulis! Tulis!
Cag nepi ka dieu….

Monday, July 20, 2009

Pakanci pungkasan

Pakanci rengse dipigawe, sumanget anyar, balik deui ngagedur. Kacape leungit musna diganti ku janggelekna wawanen pikeun nyanghareupan taun ajaran anyar. Edas dina poe-poe munggaran pagawean mimiti ngantri dipigawe ti mimiti nyusun rpp nepi ka ngawangun tata kelola kelas.
Rek teu sebutkeun kitu kumaha, apanan taun ajaran anyar hartina administrasi oge anyar. Ngan syukur Ki Google tos taki-taki nyubanan naon nu diperlukeun, tinggal klik, edit jeung paste sagalana rengse.
Eta oge nu ngasms tur nu nelepon rajol kana HP, tapi teu eleh deet ku sim kuring diwaler. Nu peryogi RPP (rencana pelaksanaan pembelajaran), silabus, SKBM tur nu lianna mangga kantun nepangan ka : http://www.tigaserangkai.com atanapi mangga milarian di Ki Google sadayana oge tos nyampak.
Ku maha dulur, tos mendakan persiapan administrasi teh? Upami rengse kahade hilap pancen nu sanesna, nyaeta nyiapkeun rarancang PTK (penelitian tindakan kelass) apanan ayeuna mah guru nu profesional kedah ngadamel PTK, punten ieu mah amanat UU pendidikan.
Ieu oge tiasa lah milarian di Ki Google. sadayana oge nyampak. Internet tea, neangan hayam nu leungit oge apanan tiasaeun. he.. he. he..
Cag ah minangka bubuka dina taun ajaran anyar, mung dugi ka dieu wae. prung geura der pikeun ngayonan papancen nu ayar ...

Friday, July 3, 2009

Ngaran Patukangan

Pakasaban atawa pangupa jiwa ti baheula geus dipikawanoh ku urang sunda, malah dina naskah sisksa kandang karesian ti beh dituna oge geus kapaluruh ayana sababaraha pakasaban nu geus dipigawe ku urang sunda. Ngan hanjakal sigana pakasaban nu siga disebutkeun dina eta naskah teh ayeuna mah geus mimiti teu dipikawanoh deui. Atuh pikeun mulangkeun deui kana alam harita, dina ieu tulisan sim kuring baris ngaguar saulas, najan ngan ukur mere gambaran leutik tapi mugia aya mangpaatna.
Pakasaban nu geus dipikawanoh ku urang sunda diantarana wae:
1. Anjun = tukang nyieun parabot tina taneuh 2. Bujangga = tukang nyieun/nulis carita 3. Candoli = tukang ngajaga pabeasan di nu kariaan 4. Gending = tukang nyieun parabot tina kuningan 5. Kabayan = tukang dititah ka ditu ka dieu 6. Kajineman = tukang ngajaga nu dihukum 7. Kamasan = tukang nyieun parabot tina emas atawa perak 8. Kebojengjeng = tukang ngagusur padati 9. Kulaer = kusir kareta pangagung 10. Kuncen = tukang ngurus makam 11. Legig = tukang ngasruk dina pamoroan 12. Malim = tukang naklukeun sasatoan 13. Maranggi = tukang nyieun keris 14. Merebot = tukang nakol bedug 15. Nyarawedi = tukang ngagosok permata 16. Pakacar = juru laden 17. Paledang = tukang nyieun parabot tina tambaga 18. Palika = tukang teuleum 19. Pamatang = tukang moro make tumbak 20. Pamayang = tukang ngala lauk di laut 21. Panday = tukang nyieun parabot tina beusi 22. Peneresan = tukang nyadap 23. Paninggaran = tukang moro make bedil 24. Sarati = tukang ngusir gajah

Monday, June 29, 2009

NGARAN ANAK SASATOAN

Mangsa –mangsa katukang boh dina pangajaran SD, SMP, boh kitu deui SMA remen kapanggih ayana guaran ngeunaan ngaran-ngaran anak sasatoan. Biasana ieu pedaran teh pakait jeung guaran ngeunaan kecap umum jeung husus.
Etang-etang mulangkeun deui kana eta guaran, nya sim kuring dina ieu kasempetan baris ngaguar deui najan ngan saukur sakolebatan, susuganan jadi bahan saheulaanan dina raraga ngumpulkeun deui data ngeunaan ngaran-ngaran anak sato tea.
1. Anak anjing = kirik / kicik 17. Anak deleg/gabus=boncel/kocolan/kokocolan
2. Anak bagong = begu 18. Anak entog = titit
3. Anak bandeng = nanar 19. Anak embe = ceme
4. Anak bangbung =kuuk 20. Anak gajah = menel
5. Anak banteng = bangkanang 21. Anak hayam = pitik/ciak
6. Anak bangkong = buruy 22. Anak japati = piyik
7. Anak belut = kuntit 23. Anak kancra = badal
8. Anak bogo = cingok 24. Anak keuyeup = bonceret
9. Anak boncel = bayong 25. Anak kuda = belo
10. Anak buhaya = bocokok 26. Anak kukupu = hileud
11. Anak kutu = kuar 27. Anak lancah = aom
12. Anak lauk = kebul/burayak 28. Anak lele = nanahaon.
13. Anak lubang = leungli 29. Anak maung = juag/aum
14. Anak meri = titit 30. Anak monyet = begog
15. Anak munding = eneng 31. Anak reungit = utek-utek
16. Anak sapi = pedet 32. Anak ucing = bilatung

Tuesday, June 23, 2009

KECAP RUNDAYAN

Sababaraha waktos kapengker sim kuring nampi sms ti Teh Neneng nu eusina naroskeun ngeunaan kecap rundayan. Ku alatan eta patalekan nya dina ieu kasempetan, sim kuring baris ngadadarkeun sakeudik ngeunaan kecap rundayan tea. Ieu mah etang-etang mulangkeun deui impelangan urang kana materi-materi basa nuju kuliah kapungkur.
Kecap rundayan teh nyaeta kecap asal anu nganggo rarangken. Ari rarangken tea dina basa Sunda mah kacida euyeubna, aya anu disebat rarangken hareup (prefiks), rarangken tengah (infiks), raraken tukang (sufiks), sareng rarangken barung (konfiks).
Biasana kecap rundayan mah kecapna teh miboga harti katut fungsi nu mandiri upama dibandingkeun jeung harti kecap asalna.
Rarangken hareup.
Rarangken hareup jumlahna aya 16 rupa, kayaning : ba-, barang-, di-, ka-, N- (nasal) : m- , n- , ng- , nga- , nge- , ny- ; pa-, pada- , para- , per- , pi- , sa- , sang- , si- , silih- , ti- , ting- / pating- .
Rarangken tengah.
Rarangken aya 3 rupa, nyaeta : -ar- nu miboga alomorf -al- sareng ra- , -in- , -um-.
Rarangken tukang.
Rarangken tukang aya 5 rupa, kayaning : -an, -eun, -ing / -ning, -keun, -na anu rubah oge jadi –ana, -nana.
Rarangken barung.
Rarangken barung aya 8 rupa, nyaeta : ka- … -an, pa-…-an, pang-…-keun, pang-…-na, pi-…-eun, pika-…, pika-…-eun, sa-…-eun.
Dina ngawangun kecap rundayanna mah kantun numutkeun rumus : kecap asal + rarangken wungkul, contona: sa- + jung + -eun → sajungeun.
Sakitu nu dipedar kanggo waktos ayeuna mugia aya mangpaatna. Nuhun.

Saturday, May 30, 2009

FACEBOOK ON THE MY PDA

Keren nya Kang Teteh judulna? Punten sanes hoyong Iinggrisan mung ngarah gampil diindeks ku Google supados seueur nu nganjang ka blog urang.
Satadina mah ngahaja sim kuring teh ngadamel ieu blog namawi siga sasari Ki Dulur masih rararesep keneh tulas-tulis boh sastrana boh sundana, tapi tetela kahoyong teh rada mengpar. Ah ketang sigana mah lain kitu, ukur ceuk kuring eta mah. Da basa kenging iber ti Teh Neneng yen barudak sok araya di facebook, ku sim kuring diudag, dibuka, tetela masih araya keneh. Aya bagja Akang Teteh, geuning masih raresep kaneh tutulisan, tuh sok wae buka ‘Dinding’na facebook nu Teh Asri kan masih keneh sok nyerat sajak ngan hanjakal geuning dina basa malayu, duka panginten bilih inyana tos kakirangan kabeungharan kecap sunda mah, duka tah.
Kang Chepy nu ngaraja mah saur si Teteh oge janten ‘raja facebook’ tingali wae jumlah rencangna mani helok kacida. Kang Tj anu teu aya wartos iberna geuning kapendak dina facebook mah, kumaha nu sanesna? Tong diguar hiji-hiji lah tos tiasa kajudi panginten, sadayana oge haladir dina facebook mah. Pami panasaran sok Akang Teteh ngalink wae ka facebook kapendak geura. Aya fotona oge Akang Teteh boh dina ‘wajah tempo doeloe’ boh dina wanda anyar. Karasep gareulis kan?
Ngan hanjakal ceuk kuring mah Akang Teteh facebook teu dioptimalkeun pikeung silih tukeuran informasi ngan sawates say halo, neangan batur jeung nu silaturahmi. Teu rek nyebat kitu kumaha, sok wae Akang Teteh mampir di grupna PAMASS UNPAD pek tingali nu ngagabungna mung sababaraha ese. Nya kamarana ari nu sanesna?
Tos ah bilih seueur teuing, pokona mah sok wea pilari Ki sobat nu bihari jeung kiwari ngalangkungan facebook, kapendak geura. Ngan omat Akang Teteh ulah disalahgunkeun tong nyerempet kana SII(selingkuh itu indah) nya. Kedah emut ayeuna mah kurang teh tos baruntutan saur Kang Ence mah. Cag…..

Monday, April 6, 2009

RASA SONO DINA SAJAK CHEPY

Dinten ieu rumpaka nampi sajak ti Kang Chepy ngalangkungan email. Asa bagja asa sono kana karancagean ti Kang Chepy, namung basa maos sajakna tea geuning aya nu robah tema teh kapungkur ngan ukur ngajojo kana tema sahinasna geuning ayeuna mah kagambar galindeng rasa sono kana kahirupan asamara. Boa-boa Kang Chepi nuju marudah dina raraga ‘Arjuna mencari Cinta’. Sok geura titenan :

Legana dunya mawa raga teuing kamana
Ingetan mah tetep nganteb ka manehna
Sagara ngan saukur nambahan halabhabna asmara
Manehna ngan manehna
Anjeun enya ngan anjeun
Ari kuring naha ngudag-ngudag kalangkang heulang
Hate ieu teu bisa ngabohong deui

Tembong atra, aya gambaran nu ngalangkang dina sajakna pinuh ku panyungsi kana asmara dina lalakon milari prameswari sajati pikeun ngayuh ngayonan rohakana galura cinta nu putih suci. Ngan hanjakal, impian ukur lamunan, ngudag kalangkang heulang nu mo boa tinekanan. Gerentes hate atra teu bisa dipipindingan deui.
Ku maha Kang leres ieu teh? Ah keun atuh tong galideur apanan ari lalaki mah kudu lalang jagat. Sanes kitu?

Monday, March 2, 2009

PAMASS ’95 kumaha damang?

Alhamdulillah geuning tarekah teh aya hasilna, hiji-hiji Ki Sobat mere iber ti dumukna, kumaha jeung dimana arinyana. Kang Aep, Kang Deni, Kang Ence, Kang Ceppy, Kang Dadan sareng Teh Susi hatur nuhun tos lalebet informasinya. Atuh bilih kanca-kanca hoyong nyambung silaturahmi sareng aranjeuna tiasa ka kontak persona wae nyaeta :
Aep Sonjaya HP 081320366883
Ceppy Khilman E. HP 085759000693 , 085863067024 email : chekhilef@yahoo.com , kaseppisan@gmail.com, pangkasepna@yahoo.com
Dadan Salman I. HP 081573059133
Ence Ali S. HP 08122112344 email : alisajidin@gmail.com
Neneng Susi S. HP 08122320082
Deni Kurniawan email : deni.kasunda@gmail.com
Cucu Sumantri HP 085864081948 email : cucusumantri75@gmail.com
Atuh ka anu sanesna diantos iberna!

Wednesday, February 18, 2009

Iber ti dayeuh

Etah geuning, sanaos urang teh paanggang geuing ari sawangan mah tetep manteng. Haturan Kang Deni Kurniawan nu tos ngintun emailna ka sim kuring. Lawas awis teu tepang nya Kang Den... namung dipiharep sadayana wadya balad PAMASS di suklakna disiklukna tetep muga aya dina kasehatan, kasalametan turta dina limpahan rahmat sareng karunia ti Allah SWT. Kang TJ, Teh Witri, Teh Irma, Teh Santi kum wae nu aya di dayeuh Bandung kumaha daramang? Sok ah diantos wartana ku sim kuring. Cag ah dugi kadieu heula ....

Friday, February 13, 2009

KUTAGARA

Kareta kancana nyewuk tarik ninggalkeun nu ngabigeu sisi jalan. Keukeubul mulek diteumbrag patutur-tutur, ukur diteuteup kamana jigna. Biwir nu garing rereyuan, hayangna mah mudalkeun eusining ati. Tapi weleh teu bisa betus nyoara ukur ngabigeu siga patung arca papaes jalan. Mun kongang mah hayang pisan ngajentrekeun naon nu sabenerna aya disadaring ati. Tapi weleh teu bisa balaka. Naha? Teuing atuh naha teu bisa bitu nyoara.
Paneuteup masih manco nuturkeun ngilesna kareta. Asa nahnay awak teh, sukma kabawa ngabelesat bareng jeung nu mangkat tea. Memenitan anteng diayun ambing rasa. Pipikiran ngacacang kamana mendi, rusras ka alam mangsa katukang. Basa layeut, basa babarengan, silih belaan silih kawulaan sapapait samamanis. Asa cik keneh rarasaan teh, asa kamari na kongkonglak panon.
Weleh teu ngarti naha hate teh bet ti belat, kalah nyantel nyosok jero, sumarambah kana bayah.
“Rai, beu teu nyana geuning geulis…. nepi kadieu lalakon hirup teh. Apung-apungan na galura rasa nu mo boa laksana. Beu teungteuingeun Nyai …. naha rasa galura asmara teh nogencang sorangan. Palias boa lalakon Ceurik Rahwana kajadian deui ….”
****
Ti buburanjat ngabeuntakeun panon, napas ngahegak kerep turun naek. Kesang renung maseuhan tarang.
“Beu, asa harianeun, mangsa kumaha ieu teh? Peuting keneh geuing ieu teh. Palias … tong jadi kanyataan. Shinta …., ieu akang ….. Shinta …. Kalah nyuuh dina bantal. Harianeun impian teh…. bet nyingsieunan.” Ngahuleng sorangan.
“Tapi …..” kalah neuteup nyidik-nyidik kana lalangit.
“Aya kutagara…. enya kutagara nu tohaga antara akang jeung anjeun, Shinta. Tapi naha lalakon bet dimimitian. Baeu taya bayana geulis, akang ridho mun tea ahirna kudu dipungkas ku kapeurih. Ridho, akang sarebu kali ridho najan kudu ancur tutumpuran. Asal anjeun geulis tetep jeung akang ….”
Ngalangkag deui, ngabelesat deui raga sukma kumalayang di jomantara, ngirab-ngirab alam nu mo kahaontal raga. Rasa enya ngan ukur rasa, nu bisa ngajajap ka eta alam. Tapi boa pimanaeun bisa meuntas ka alam nyata. Kutagara …. Naha kudu aya kutagara antara akang jeung anjeun geulis…. Gusti, ngan anjeun nu terang ahir ieu lalakon. Gusti …. Gusti …. Panon peureum, biwir renya-renyu, pikir manteng. Diri sadar, pasrah rumasa ngan ukur ngajalankeun lalakon. Lalakon nu teu katohyan awal ahirna. Darma wawayangan, taya tangan pangawasa, ngan usaha jeung tarekah nu sakuduna dipilampah. Gusti ….. Gusti …. Tipepereket. Eling beuki eling mumuntang. Hegak narik napas jero. Asa ampeg asa beurat, beurat kaliwat saking. Aya nu ngagerentes, aya nu nyoara lalaunan.
“Ngajugala, Aing kudu ngajugala! Mun henteu …. Cilaka. Enya mun henteu cilaka diri, cilaka kahormatan …. Geus mangsana Aing ngajugala deui. Ngajugala … pek geura ngajugala. Udag sagala kahayang, sagala paniatan…”
Sumanget ngagedur ngaduruk minuhan dada. Dada nu ragas. Dada nu mimiti kapareuman ku citangis mepes seuneu sumanget.
“Lain rek lahuta. Lain rek umangkeuh. Tapi Aing kudu ajeg dina patekadan. Enya dina patekadan nu pengkuh panceg na tetekon sorangan. Karajaan nu geus lila runtag kudu diajegkeun deui. Ajeg! Kudu ajeg! Kutagara lain panghalang. Kutagara lain wates. Tapi cukang lantara keur kula. Enya keur kula. Kula nu ieu nu nyangkaruk dina raga, dina rasa, dina bayah, dina jajantung. Baeu …. Baeu geulis, urang wujudkeun impian nu mimiti mulasan lalangit carita. Carita nu mimiti mangkak, mimiti tatalu dina lagu asmarandana….”
Kahayang geus bedah mo bisa dihahalang. Carita tacan dipungkas lalakon tacan lekasan.
“Aing Rahwana… Aing Dasamuka Aing nu ngaraja ieu Alengka. Baeu … Shinta urang lalayaran dina jaladri rasa. Rasa kula jeung anjeun…” Anteng sorangan dina implengan ngacacang ka alam nu rek disorang. Nu boa ngawujud boa moal. Hawa tiis ngagayuh, ngajajap ciciptan ka alam impian.
****
Sategah dipupul bayu awak lungse tetempoan kararoneng bumi alam asa tungkeb ngagencet raga sukma. Eungap, eungap kacida katindihan momotan nu kacida beuratna.
“Rahwana, rahwana nu rek ngajugala teh bet perlaya memeh ngayuda. Beu, beu geuning ukur babasaan nu rek ngajugala teh? Mana, mana buktina Rahwana? Hojah, hojah atuh! Lalaki, lalaki anjeun teh …. Lain siga bikang lampah teh, kumeok memeh dipacok. Era, era atuh Rahwana!” Nu ngajejeleh atra nyoara na batinna.
“Gelo, gelo siah! Gandeng, gandeng …. Kumaha karep … moal, moal didenge. Kajeun, kajeun Aing rumasa Rahwana nu cidra nu banci nu teu boga kawasa teu boga wawanen…. Kula moal umangkeuh ngarep-ngarep nu pamohalan. Teu, teu sudi diayun ambing ku ciciptan sorangan Disiksa ku rarasaan sorangan. Lain, lain ukur Shinta nu geulis nu rancunit nu ogo nu …..” Brek deku, lungse leuwih ti lunges raga teh rasa teh uteuk teh sukma teh ….. kumalayang di jomantara ciciptan sorangan.
“Rahwana … Rahwana …. Karunya teuing anjeun teh, geuning kutagara nu rek dirujadkeun teh kacida teuasna kacida tohagana. Karunya … pamohalan kahayang teh baris laksana, jauh kacida jauhna. Teungteuingeun … teungteuingeun nasib anjeun teh Rahwana….”
“Teu … teu kudu anjeun karunya ka kula! Kula masih kuat! Kula masih ajeg pikeun neruskeun ieu lalakon. Lalakon nu terus mere kapeurih. Baeu sagala carita ku kula rek diayonan disorang dilakonan. Mo, mo kula mo mundur sarebu langkah mo gedag bulu salambar. Tingali! Tingali ku anjeun Duruwiksa! Sagalana ku kula rek disangahareupan rek diayonan! “ Jagjag deui ragana.
Rahwana nyerenteng muru ka jalan, teu eureun-eureun lulumpatan, ngudag-ngudag Shinta nu anjeucleung na ciciptan sorangan. Panon poe nutupan beungeut, teu wasa ningali peta Rahwana.****CSS

Friday, January 30, 2009

Panineungan Baraya ….


    Nalika Kang Cheppy ngemailkeun foto ka sim kuring, panineungan ka na mangsa katukang basa urang ruing mungpulung di kampus Padjadjaran ngolepat deui na sawangan. Suka bungah nalangsa jeung rea-rea deui minuhan alam panineungan. Baraya kumaha daramang? Nu ti sebrang kumaha wartosna?  Kang Zamroni, Kang Atep, Kang Aep, Kang Dadan, Kang Tj, Kang Gempa, Kang Eris, Kang Ence, Kang Cheppy, Kang Ilham, Kang Deni,  Teh Kokom, Teh Yetty, Teh Irma, Teh Asri, Teh Novi, Teh Lis, Teh Yayu, Teh, Ciceu, Teh Rini, Teh Witri, Teh Ria, Teh Santi, Teh Ucie, Teh Retni.... Sok atuh diantos kintunan alamatna, urang taekeun na ieu blog sugan aya jalan pikeun silaturahmi …..     

Thursday, January 8, 2009

Sajak-sajak Panineungan

Ku : Cucu Sumantri

SERAT KALA BANDA
Keur: Pandawa

Kaula santana, rek wakca
ka anjeun, Pandawa
"Amarta lain tempat duruwiksa!"




ASMARA SANTA

Eundeuk-eundeukan na jaladri rasa
Rasa kula, rasa Rahwana
Rama....,
Taya bayana ijen patutunggulan
nu mo pegat lalakon, pejah ngayudha
keur anjeun .....
: Shinta



SERAT SRI KOMALA
Keur: Pandawa

Tebeh aling-aling Amarta
Basa kula neuteup nagara
Duruwiksa ajrag-ajragan surak
: dina layon, Andika!

Thursday, January 1, 2009