Wednesday, November 26, 2008

CATETAN LEUTIK : SARASA DINA DUA SAJAK NUR ASRIANTI


Ku : Cucu Sumantri

Ceuk sakaol, méméh méré tinimbangan kana hiji karya sastra boh puisi boh prosa, kudu dibaca heula masing tulatén, ngarah ngarti, ngarah surti kana naon-naon nu sabenerna dipimaksud ku nu ngarangna. Ieu dua sajak Nur Asrianti téh kungsi dimuat dina bulletin Tangara PAMASS – UNPAD No. 17 Th. XV Agustus 1997.

PAĖSAN
Sajarah nu baheula dijajarah dina lahunan indung beurang
Nganaha-naha pédah getih dimurah-maréh di tengah jalan
Ngageuri saruntuyan kanyeri jeung kapeurih nu nengetan
Ti taun ka taun sangkan euweuh deui tumbal katunggara
Jeung kanalangsa nu marengan lalungséna daun samoja
Nu ting keleper katebak hiliwir angina nu teu daék leler
Ngajak ragrag nembrag paésan kacinta nu mulus bunglus
Narima kanyaah ku daékna ngabigeu teu cacarira
Januari 1996


SAGULUBURAN
Bodas téh malati anjeun
Mayakpak éndah kagiwang méga
Beureum konéng héjo giwangkara téjamaya
Kukuh gugon diamparkeun saalam dunya
Tapi geuning gumawang hérang digunasika
Tara ieuh ditowéksa
Gupuy gapay haat buméla
Guntay guntreng angger paanggang
Désémber 1995

Meunang sababaraha balikan macaan éta dua sajak, kuring nyindekeun keur saheulaanan mah yén éta dua sajak téh mibanda gerentes rasa batin nu sarua, ngan dina ngajanggélékkeunana waé nu karasa béda téh. Dina sajak Paésan, nu maca henteu kudu kerung mikir, naon sih nu sabenerna hayang ditepikeun kun u ngarangna téh. Da puguh karasa ngaguluyur kekecapanna téh, sahayuna pisan. Malah ceuk kuring mah, asa karasa ngaguluyur maca caponmét, maksud téh carita pondok saemét.
Kecap Paésan nu dipasang jadi judul sajakna, tétéla geus bisa ngawakilan kana sagemblengna naon nu hayang ditepikeun. Satadina dina sawangan kuring, ngolébat pananya naha kudu maké kecap paésan, lain tugu, monumén, atawa prasasti? Nu karasa mibanda rasa sajarah. Tapi euh …. Ceuk kuring deui, da puguh lain kadinya nu dipimaksudna. Kecap sajarah nu aya dina baris mimiti ukur dipaké pikeun muka guluyurna carita. Da nu puguh mah nu hayang ditembrakkeun téh, aya dina dua baris panungtung : ngajak ragrag nembrag paésan kacinta nu mulus bunglus / /narima kanyaah ku daékna ngabigeu teu cacarita//.
Lain ti geus hasil nu ngarang mancegkeun judul keur sajakna, nu ngarang kaciri parigel naker dina ngaruntuykeun jeung ngawangun imaji-imaji pikeun ngahirupan sajakna. Sok waé tengetan dina baris-baris éta sajak, bakal katengetan ayana kekecapan ngageuri saruntuyan kanyeri jeung marengan lalungséna daun samoja. Ceuk pamikir mah asa genah pisan, aya gambaran imajinasina téh. Ngan rada hélok téh, éta basa manggihan kekecapan ….daun samoja // nu ting keleper katebak hiliwir angina …//. Asa karasa dijieun-jieunna téh, da puguh ceuk paniténan mah, nu ngaranna daun nu katebak angin, sok komo ukur ngahiliwir, biasana mah ukur ting arulang wungkul tara nepi ka ting keleper. Tapi teuing ari ceuk paniténan nu ngarang mah, kuring teu bisa nyalahkeun, sabab aya kaotonomian di inyana.
Ilaharana sajak Sunda, dina sajak Paésan ogé atra pisan témbongna purwakanti nu ngahaja direumbeuykeun ku nu ngarang sajak. Malah ku hayang-hayangna nu ngarang téh nyieun purwakanti, kuring nepi ka seuri nyenghél sorangan. Da puguh aya dua baris nu karasa anéh, malah karasa mahiwalna téh, geura waé titenan : sajarah nu baheula dijajarah atawa dina kacinta nu lulus bunglus. Tapi kétang boa eta mah ukur salah tulis wungkul. Dina benerna ogé, keun waé da aya licentia poetica-na nu ngarang éta mah.
Dina sajak Saguluburan, sigana nu maca baris mikir dua tilu kali pikeun nyuaykeun eusining maksud sajakna téh. Teu deuk nyebutkeun kitu kumaha, da puguh dina ieu sajak mah katimu ayana sababaraha kecap nu arang langka kadéngéna. Méh bosen mukaan kamus, unggal maca baris ka barisna téh. Béda jeung sajak Paésan, dina ieu sajak mah karasa leuwih pepel tur patri henteu deui ngaguluyur siga prosa.
Kecap saguluburan asana mah ngan ukur wawakil kana éndahna rasa nu sakolébatan anu katarima ku nu ngarang. Kumaha éndahna éta pangalaman batin téh, kagambar dina opat baris mimiti. Ngan kana imajinasina téa, kuring tacan bisa nepi ngagambarkeunanan. Kumaha éndahna éta kaayaan beureum konéng héjo giwangkara téjamaya. Sabab nu kaimpleng téh ngan ukur warna bodas nyacas wungkul. Sedengkeun opat baris satuluyna nepi ka pungkasan, ceuk kuring mah mangrupa fase ilangna éta rasa éndah téh.
Sakolébatan kasawang dina implengan, nu ngarang sajak sigana kapangaruhan ku tetekon warna dasar nu aya di Ėropah. Da sapaniténan kuring mah, urang wétan (Asia) tara ngébréhkeun siga kitu. Aya ogé tetekon nu méh sarua ngeunaan warna dasar (trinitron) téa, ku némbongkeun warna beureum, héjo, jeung biru.
Lésot tina éta hal, mun téa dua sajak direndengkeun, kitu deui dideukeutkeun, tétéla urang baris manggihan fase-fase kronologis pangalaman batin nu kaalaman ku pangarang. Luyu jeung titimangsa nu kapanggih dina unggal juru handap sajakna atawa dina henteuna ogé, urang baris bisa nyindekkeun yén sajak Paésan téh mangrupa balukar tina sajak Saguluburan.
Mungkas ieu sawangan, boh dina Paésan boh dina Saguluburan nu ngarang tétéla miboga ajén éstétik nu onjoy. Inyana taliti tur tarapti dina milihan kekecapan (diksi) pikeun sajakna. Imaji nu disodorkeun geus hasil pikeun ngawangun imaji nu maca. Nu ngarang tétéla engeuh kana licentia poetica-na. Ngan saeutik kahanjakal téh, tina éta dua sajak masih karasa ayana sora nu nyorakeun kitu deui disorakeun ka jero, nu karasa ukur keur nyubadanan rasa pribadina nu ngarang sajak. Tapi mugia ieu kacindeukan téh nyalahan. Cag.****

No comments: