Friday, November 14, 2008

Sajak-sajak kénging : Novi Rospika

MAPALĖR ASIH
Angin lamping pakidulan, geuning!
Malibirkeun carita tadi peuting
Yén tatu nu ngawelang-welang diri,
Ėta téh kaéndahan
Yén merebeyna getih lebah lelembutan,
Ėta téh bukti kasugemaan
Nu mituhu kasadrahan
Yén pati mapalér asih na ajén diri,
Najan pias ku karumasaan
Angin lamping pakidulan, geuning!
Mapalér asih ku hariring


RURUNTUK MĖGA
Deudeuh …..
Talimbengna layung reueus
Ku girimis panganggeusan
Nyurup na ruruntuk méga
Ngagurat jomantara ku sésa
Kamelang
Deudeuh …..
Wiati ditambalang bedang!
Nya palastra ruruntuk méga
Taya sudana
Deudeuh ….
Inyana katumbiri ngajadi
Nu tilar nyuuh impian


KAMELANG
Peuting téh ngupahan kuring
Ngayun ambing ku asihna
Karasa …..
Bréh beurang nganteur kamelang
Najan deukeut na tungtung ramo
Haté lir dijalujur tali
Nu teuing béh mana gawenganana
Sabab raheut paheut meureut
Sagala rasa
Duh, jungjunan
Geuning lamping kamelang lain ukur kahayang
Najan urang teu mikaterang


SAMAGAHA JEUNG CIMATA
Mun seug kuring bisa ngahejah
Unggal ngeclakna cimata
Anjeun
Mun seug kuring surti
Naon nu ku anjeun digalindengkeun
Basa waktu méh cunduk balébat
Tur sarangéngé bakal nyorang
Pangrereban
Tapi tétéla
Kuring ukur samagaha
Ėstuning wanci mangpirang-pirang karingrang
Siga peuting ieu atawa bihari
Kuring tetep leungiteun harti

Sajak-sajak kénging : Dadan Salman Iskandar

DI STASION
Duh …. Nineung,
Kamana anjeun?
Akang nganti-nganti ti tatadi
Duh …. Nineung,
Akang sono kana pangawakan
Anjeun nu lenjang
Deudeuh kana raray anjeun
Nu biasa maturan akang mulang


IEU ….. AING
Deuleu ku sia …. Aing bias!
Deuleu ku sia …. Aing boga!
Naha baheula sia ngahina
Aing rumasa teu boga kabisa
Sagala teu walakaya

Ayeuna, sia rék kumaha?


KAKEUHEUL
Panas ngahéab, ngelekeb na ati
Ngagedur rasa nu teu kaharti
Kakeuheul na kalbu teu bisa bitu
Teu puguh laku ka nu dituju


DZHOLIM
Peureus ….. peurih, ku polah
Nyeri ….. nyelekit, ku nyarita
Sampurna …. Patina hirup


NU HĖRANG
Pantesna anjeun aya na catwalk
Lain di dieu …..
Diantara Cibatu – Purwakarta


Sajak-sajak kénging : Aep Sonjaya

TAGIWUR
Haté tagiwur,
Deg … deg … deg….
Ceuk déwék tungkul, tungkul!
Muringis haté beuki muringis
Paur … paur … paur ….
Naon atuh kalepatan abdi téh
Akang – Ceuceu ?
Les teu inget di bumi alam

KATRESNA
Hiliwir angina peuting ngagalindeng
Bangun némbongkeun eusining asih,
Kawih anu munggaran. Béntang Sulintang surti
Kana kahayang raja peuting, maturan lénglangna
Buana panca tengah. Tatangkalan
Reujeung kalakay silih simbeuh
Ku kadeudeuh bagja taya papadana
Katresna ngancik na rasa
Ngait taya kendatna
Cinta nu taya tan wates wangenna
Karasa leuwih ti mistina
Hirup ngajadi matri dina sanubari
Haturan salira, jungjunan ….


MEDAR LALAKON
Antara lolongkrang kiceup
Anu méh kapopohokeun,
Medar lalakon lawas anu
Katambias. Kaca jandela
Anu muka, kaca katresna
Anu muka saranggeuy
Kembang impian ….
Anu mo deui datang

HIRUP
Mipir langit dina peteng peuting
Malibirkeun rasa dina galura nu
Lugina
Mangpirang-pirang sukma kumelendang
Di marca pada
Nyukcruk diri nemahan wanci


Sajak-sajak kénging : Tjahyadi Sutiana

RAHWANA
Rahmana kawasa di tempatna
Ngumbar napsu ponggawana
Mokaha …
Teu sudi aing nincak deui
Ieu karajaan


TILU PULUH TILU
Tilu puluh tilu kali hiji
Tilu puluh tilu kali dua
Tilu puluh tilu kali tilu
Saratus genep puluh lima
Dina dua puluh tujuh darajat
Ėstuning nu hiji nu mindeng
Urang ménta pangampura
Saratus kurang hiji
Tasbéh kuring ….


KACAPI
Jentréng kacapi,
Lentik ramo,
Minuhan haté nu maénna
Jep jempling …..
Kacapi nyorangan deui
Ramo lentik keur ngadu’a
Keur ngeusian batin,
Ku jentréngna kacapi ….

MALATI KUNCUP DI GUNUNG SARI
Léngkah suku dibarengan rénghap
Na haté
Ngajugjugan sawarga nu can
Kasawang
Hiji, dua, tilu, opat ….
Wilangan poé ngancikna haté di
Sawarga anyar
Dibarengan ku imutna panon poé
Jeung teuteup malati kuncup
Di Gunung sari
Panineungan ….
Sawarga anyar kudu paturay
Jeung haté kuring
Nu keur bagja neuteup malati ….
Malati nu kuncup di Gunung sari


AMARAH
Seuneu ngabebela na haté
Kaambek nyambuang ka langit
Tujuh
Cipanon kaceurik teu bisa
Ngungkulan
Ngungkulan amarah nu kawasa
Peuting éta
Nu antukna ngan bisa gegerentes
Na haté
“Duh Gusti ieu kabisa abdi
nyanghareupan dajalna jalma”


WANGSITING DEWATA
Teundeun jangji kaula
Sagara jadi saksina
Panon poé buktina omongan kaula
Laksaning bagja jeung suka
Anjeun nu baris dipikacinta


Sajak-sajak kénging : Atep Abdillah Kurniawan

PAREUM
Sanggeus réngsé midangkeun
Hiji épisode,
Reup, pareum lampu-lampu panggung
Peteng ngajadi peuting
: na di mana lawang ka luar?


GILIR
Imut nu mulas raray langit
Peuting ieu
Peupeus ku ting burinyayna
Kingkilaban
Diunggal tebéh awang-awang
Aya tapak na kalakay méga
(Isarat cundukna waktu
ieu haté kasimbeuh cihujan)

No comments: