Thursday, November 13, 2008

Pangjajap Ti Rumpaka

Pangjajap keur sajak-sajak panineungan : Aweuhan
Ku : Cucu Sumantri

Sawatara mangsa ka tukang dina taun 1995, mahasiswa Sastra Sunda Universitas Padjadjaran kungsi medalkeun hiji bulletin basa, sastra jeung budaya Sunda anu dingaranan Aweuhan. Ěta bulletin téh minangka wadah karancagéan entragan ’95 dina hal tulis tinulis. Ngan ku hanjakal, dina taun 1998, éta bulletin henteu kungsi medal deui. Atuh pikeun nyatetkeun yén di Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda kungsi aya bulletin Aweuhan, sim kuring ngahaja ngumpulkeun saja-sajak anu kungsi dimuat dina éta bulletin tuluy dihijikeun dina ieu blog.
Sajak-sajak nu aya dina ieu blog, sanyatana tacan dipilah-pilah sok komo ari dibéré ajén mah. Ku kituna sabataé pisan sajakna téh sajak anu asli. Sim kuring gedé harepan jeung kareueus kana sajak-sajak anu dikumpulkeun dina ieu blog, muga jadi tetenger kana ‘prosés’ karancagéan anu kungsi aya di ieu dunya.
Ahirna, der urang buka lambaran panineungan tina sajak-sajak Aweuhan muga ngahudang deui mangsa panineungan keur urang aya di kampus Padjadjaran.
PANCANING MARGA GAPURANING SUNDA


Sajak-sajak kénging : Lismanah

PURNAMA DI BASISIR
Basa anteng neuteup sagara
Anjeun nyurup jadi purnama
Ngeunteung na genclangna cilaut
Awor jeung liwungna peuting
Basa anjeun gumupay lapat-lapat
Kalangkangna béngrasna
Gumuruhna lambak
Duh, sampurna taya nu céda
Angin peuting ngahariring
Ngageuing jentréngna kacapi rasa
Ngagalindeng tembang katresna
Ngajak lunta ti harita
Tapi, geuning diri teu daék lunta
Bongan purnama ukur ngabibita
Ngajak ngudag kalangkang heulang
Nu taya untung jeung panungtung
Pangandaran, Dés ‘93

ANGIN PANANJUNG
Unggal ngaléngkahkeun raga
mapay sagara
Ngalingling laut pakidulan
Geus ilahar mawa katineung
Tiis haliwir angina basisir
Geus lain carita munggaran
Tapi, mangsa harita
Hiliwirna karasa leuwih tiis
Nyecep lain ukur karasa kana
raga
Lir ngipas-ngipas ati ku
jamparing
Duh, beuki peurih …..
Rasa inget deui kana diri
Najan geus ngeunteung sakujur
badan
Tapi bet hayang nganjang ka jero
laut
Tapi ukur semet basisir
Duh angin Pananjung ……
Pangnepikeun sora haté
Nu ngahariring longkéwang
Ka nu nyicingan saeusi laut
Nu kiwari keur nganjang ka
tungtung langit

LAIN ĖTA
Mangsa nganjang ka karajaan
anjeun
Diri bet asa jadi runtah
ngabaladah
Duh ngotoran sabudeureun rohangan
Karaton éndah, tan wates wangen
Hieum saharitaeun …..
tapi, hampura!
Lain kuring ngahaja!
Némbongkeun wawanén na diri
Hayang nyingkabkeun haté anjeun
Nu geus puguh nutup pageuh
Jalaran aya nu ngageugeuh.
Henteu! Lain éta!
Apan kuring ogé boga hak pikeun
Beunta
Beunta neuteup dunya nu sarwa
éndah
Ėndah ku kahadéan jeung
Karancagéan
Hampura!

NU POPOHOAN
Kaasih diri nyangreud luhureun
Méga
Anteng mipit béntang,
Neuteup bulan,
Mapay-mapay sumiratna surya
Najan langit teu daék kedal
Ku ucapna
Tapi éstuning mungkir nonggongan
Paduli éta mah lain hahalang,
Mo, rék ingkah terus pasrah!
Tapi omat!
Geus cunduk kana waktu
Pikeun nyukcruk laku
Ngukur diri nu saéstu
Naha hirup rék dipungkas ku laku
Nu kitu?
FASA, ‘96
Haturan téh Dj

GIRIMIS PEUTING
Haturan gamparan,
Nu sok mépéling
Wanci peuting tingtrim simpé
Haréwos deudeuh, panggeuing ati
Ngajak nyuuh pinuh karumasa
Ngamalirkeun cimata kalaip
Geuningan, peuting téh
Baris lekasan
Sandiwara baris di pungkas

BARING SUPAGI
Naon atuh nu diseja
Leumpang alon, mapay jalan
Lempeng
Nyukcruk jalan ngemplad,
Taya panungtung
Lain bulan, lain béntang
Nu mangkak di saamparan wiati
Nu nyurup sabudeureun rasa
Tapi, hiji pamohalan
Nu ngawasa di karajaan raga
Pikeun mapag baring supagi
Haturan :
Adinda Pipih Aksén


Sajak kénging : Santi Risnayati

PERSABEN GAN
Persaben Gan……
Tos tilu dinten henteu neda
Persaben Néng ……

Punten, teu aya récéh!

(Srrtt ….. sora linu ngageret na awak mobil)

Hanjakal!
Dago, Féb ‘96


Sajak-sajak kénging : Eris Risnandar

MANGSA
Nérékél monyét naék
Masih kénéh tinggaleun, dibanding
Ku nérékélna SPP
Ngabelesatna uncal birat
Masih kénéh tinggaleun, dibanding
Ku ngabelesatna harga-harga
Barang
Nérékelna SPP, ngabelesatna
Harga-harga barang
Masih kénéh tinggaleun, dibanding
Ku nérékélna jeung ngabelesatna
Mangsa


SILALATU
Silalatu diayun ambing ku angina
Mubul ka alak paul
Teuing naon nu jadi udagan

No comments: