Thursday, November 13, 2008

Sajak-sajak kénging : Cucu Sumantri


PERSATYA ISUN
Isun medal ngojayan kahirupan,
Isun lugay ngaguar laratan,
Ki Sunda nu baheula
Raga Isun saniskara nu Ki Sunda
Raga Isun prana Ki Sunda,
Prapta nganjang na budaya
Persatya Isun,
Imah pangancikan raga,
Basa pangancikan rasa,
Sunda pangancikan kula


WAYANG
Na panggung wayang motah
Parebut catur, pabéntar paham
Patarik-tarik nyoara
Paheuras-heuras genggerong
Nu nonton sorak éak-éakan
Ki dalang beuki ragot
Ngumbar carita
Nu boga hajat ngeunah seuri
Ningali


HANJELU
Basa mipit angkrék ti Manglayang
Dijujurung ku tembang kamelang
Geuning aya rasa hanjelu
Na kalbu
Ngahudang panineunang,
Hanjakal ….
Angkrék téh ukur jadi mangandeuh
Nu ilang pegat ku kadeudeuh
‘ékspedisi Manglayang’


LARATAN
Laratan ….
Nyingkab-nyingkab
Titinggal karuhun
Ngirab-ngirab,
Carita geus lila
Antara Pasundan panganggeusan


PANEUNGTEUNG
Aya jabal Paneungteung,
Ngagupay pikeun panungtungan,
Basa suku jengkat,
Sagala ngolépat
Ngabelesat bareng jeung …..
Kalangkang panineungan,
Ngagurat saliwat

MANGSA
Asa cikénéh,
Asa kamari,
Pasusul-susul,
Paudag-udag,
Balap jeung mangsa nu taya sudana


BASA TAKBIRAN
Natrat lakuning hirup huripna
Manusa
Ngalangkang tina laju carita
Dunya
Nu ngagurat natrat
Basa takbir, tahlil, jeung tahmid
Ngahiap mulang
Kana kasucian nu wening
Nu kamari pagalo jeung,
Kekebul dosa …..

HIANAT
Bulan rengat peuting ieu
Kalangkang anjeun teu némbongan
Ninggalkeun kuring dina peuting
Peteng.


KEDOK KA-ĖGOISAN-AN DIRI
: Dayang Sumbi

Ukur wewelasan menit, jarak téh
Tapi naha, haté bet lalewang
Inggis, inggis nu taya tungtungna
Boa kuring tetep kuring
Boa anjeun tetep anjeun
Nu nyamuni dina kedok
: ka-égois-an diri


Sajak kénging : Nur Siti Robi’ah

ADAN TĖH UKUR NGALIWAT
Amarah Arjuna ka rahayat
Tétéla miboga ajén filsafat
Pikeun hirup kahirupan
Tapi ….
Basa lapat-lapat kongang sora
Adan
Amarah téh masih ngaraja
Arjuna ngajanggélék jadi Rahwana
Adan téh ukur ngaliwat geuning
Oktober ‘96


Sajak-sajak kénging : Nur Asrianti

KANYAAH
Mipit angkrék ti Manglayang
Kungsi ngajirim
Ku rambisakna mangandeuh
Na tangkal kai
Geuningan aya kénéh
Nu ngarakacak
Kanyaah tan wates wangen
Disaruakeun jeung kawih
Panganggeusan

DI BASISIR
Meruhkeun galura jadi lambak
Madungdengkeun ganggeng
Nu kakeueum cikahayang
Kapireng basa katumbiri tilem
Ka jero laut


NU MULANG TI PALAGAN BUBAT
Peuting disilih ku beurang
Wanci satwa-satwa mimiti nyoara
Lir anu ngagerihan
Hawar-hawar ti lamping kapireng
Sora karinding
Lagu sasambat mingkin ngaketiran
Jumarigjeug haté lalewang ku
Panineungan
Riweuh paciweuh awor jeung
Rasa sungkawa
Ngahilangkeun lebu-lebu layon
Ti Palagan Bubat nu tariwas
Suci

(Ti Binaya Panti Rakéan Wastu
nyérangkeun, ngeukeuweuk dahan
hanjuang)


TAUN ANYAR
Liuh imut bulan
Anteng ngagalur-galur méga
Ngamalirkeun kahariwang nu natrat
Na sorot béntang
Di dieu geuningan,
Sandiwara baris mungkas adegan
Gumupay dangdaunan murudul
Ngalayang katebak angin
Ngarangrangan
“Narah …. Narah ….!”
Sora kembang girimis ngaharéwos
Halon
Pucuk daun eurih ting aroyag
Mapaésan simpé

No comments: