Friday, November 14, 2008

Ku : Cucu Sumantri

IMAJI DINA SAJAK :
SAWANGAN KEUR SAJAK-SAJAK DINA AWEUHAN

Upama urang maca hiji sajak tétéla tina sajak éta urang sok manggihan hiji gambaran sawangan atawa imaji anu sok mindeng ngagurat dina ati urang. Kitu deui sok mindeng nimbulkeun hiji ‘kesan’ nu mandiri keur nu ngarangna. Imajinasi dina sajak pirajeunan ditémbongkeun ku ayana imaji, Naon ari imaji téh?
Imaji bisa dihartikeun atawa diwangenan ku mangrupa gambaran sawangan anu aya dina sajak. Ieu gambaran sawangan téh mindeng ngabalukarkeun hiji dorongan keur ngaprésiasikeun sajak.
Imaji dina sajak bisa kapasing jadi opat rupa, nyaéta :
Imaji Visual;
Imaji Audiotif;
Imaji Taktil;
Citraan Kinéstétik.
Imaji visual nyaéta imaji anu mangrupa gambaran sawangan hasil paniténan panca indra panon urang. Lebah dieu mah nyaéta gambaran sawangan anu katengetan tur katingali ku panon urang, boh pasipatanana boh rigigna. Saperti katémbong dina sajak Eris Risnandar :
SILALATU
Silalatu diayun ambing ku angina
Mubul ka alak paul
Teuing naon nu jadi udagan
(Aweuhan No.5 Oktober ’96)

Imaji audiotif nyaéta imaji anu mangrupa gambaran sawangan hasil pamireng atawa pangdéngé indra urang. Lebah dieu mah nyaéta gambaran anu kadéngé ku urang. Saperti katiténan dina sajak Lismanah :
GIRIMIS PEUTING
Haturan gamparan, nu sok mépéling
Wanci peuting tingtrim simpé
Haréwos deudeuh panggeuing ati
Ngajak nyuuh pinuh karumasa
Ngamalirkeun cimata kalaip
Geuning, peuting téh baris lekasan
Sandiwara baris dipungkas
(Aweuhan No.12 Maret ’97)

Imaji taktil nyaéta imaji anu mangrupa gambaran sawangan hasil tina pangraba indra urang. Lebah dieu mah nya gambaran sawangan anu ngawujud rasa, kayaning panas, tiis, kasar, lemes katut sabangsana. Utamana mah nyoko kana rasa hasil pangraba kulit urang. Ku kituna imaji taktil mah sok ogé disebut ku imaji perabaan. Saperti anu katangen dina sajak Nur Asrianti :
PANJARA
Lamun diri geus ngajadi, ulah rék jalir jangji
Lamun jirim geus titis tulis kajeun nyeri digerih hinis
Tuh dipipir tepiswiring mureleng
Paleng

Citraan kinéstétik nyaéta imaji anu ngagambarkeun hiji hal atawa barang nu cicing (paéh) jadi bisa obah (gerak). Lebah dieu mah nyaéta ngagambarkeun hal atawa barang nu cicing (paéh) lir ibarat hirup boga nyawa. Tapi aya nu kudu dikekentengan nyaéta ngeunaan gerakna, gerak atawa obahna teh bisa mangrupa gerak usik dina harti henteu ninggalkeun tempatna, bisa ogé ku mangrupa gerak biasa nyaéta gerak anu incah ti tempatna. Nya didieu mah lir jalma atawa sato nu keur milampah. Saperti katiténan dina sajakna Chepy Khilman Efendi :
MACET
Beus jeung treuk ngaleut
Mobil nyempil
Motor nyempod
Pasedek-sedek, pagelek-gelek
Hésé uyek!
(Aweuhan No.1 Juni ’96)

Pamungkas, boh dina imaji visual jeung imaji audiotif boh dina imaji taktil jeung citraan kinéstétik, tétéla miboga fungsi anu penting dina ngahirupan sajak. Sajak mangrupa ungkapan pangalaman puitis tinu ngarangna, ku kituna ngaliwatan imaji dina sajak geus méré pangalaman anyar dina pulas-pulas kalangkang nu ngagambaran alam pikiran nu maca. Cag ****Lamping Padjadjaran Séptember’96

No comments: