Friday, November 14, 2008

Sajak-sajak kénging : Deni Kurniawan

MALURUH BANGBALUH
Sapeuting hariring jempling
Mawa carita, nu taya sudana
Ngukur sungkur ka kujur
Narawang panjang ka sarang
Kurung, dirungrung ku palung ….
Ngalanglayung …..
Duh, Gusti …. Nu Agung,
Anu dipunjung,
Mung ka Anjeun ….. sadrah,
Pasrah …..
Sumerah dilalanyah
Ceurik ngerikan sirik
Bangbaluh maneuh kapaluruh
Cimata manglaksa dosa karasa
Maseuhan dada …
Marengan ….. ieu paménta


UTUN
Tah, ieu alam dunya téh.
Kunaon utun bet ceurik?


Sajak-sajak kénging : Ence Ali Sajidin

NARAKA – SAWARGA
Manuk ababil hiber miheulaan
Dituturkeun Hudhud nabi Nuh
Satukangeunna aya onta Nabi Shaléh
Anjingna Ashabul Kahfi lumpat nyusul
Maranéhna suka bungah di sawarga
Ari urang bari pagulung-gulung
Mikiran kudu kumaha carana
: meuntas cukang shirath


CIDUH URANG
Basa ciduh pasedek-sedek
Ngadagoan bituna sungut
Basa panon nanceb kana bangké
Irung diteunggar guludug
Dina waktuna, cuh!
Ya Alloh geuning kitu
Ciduh urang anu patulayah
Sarua jeung hangruna bangké
Kahirupan

JEMPĖ ….. SIAH
Kuduna anjeun ngirim
Kuring kembang
Lain lémbéréhna cipanon
Lain sumegruk jeung jeritna
Kanyenyerian
Lain tetengger batu
Anu maké ngaran kuring
Kuduna anjeun ngirim kembang
Pék ku kuring didagoan


KACA KA GENEP PULUH DUA
Euweuh bédana
Tungtung péso jeung
Tungtung pulpén kuring
Masalahna rék maké naon
Kuring maéhan sorangan


Sajak kénging : Irma Amalia Hasim

SALAH SAMBUNG
Kring ….
Disada, reg jempling
Samenit, dua menit
Sajam, dua jam
Kring ….
Haji Warja?
Sanés,
Klik ….
Ditutup


Sajak-sajak kénging : Wittri Anggitawati

HANJELU
Asa karék kamari urang panggih
Asa karék kamari urang kenal
Tapi waktu nu kaliwat
Urang lain sobat
Asana ayeuna urang ngarti
Mung kahanjakal moal datang
Mimiti

SIMPĖ
Imut …..
Seuri …..
Ieu nu nutupan
Simpé na haté


NU JARADI SAKSI
Angin nu sumalinding
Ibun nu ngarayap turun
Seuneu nu ngabebela
Purnama nu cahayaan
Alam nu ukur cicing
Sakabéh jadi saksi
Hiji kajadian
Nu teu bisa dimudalkeun


KUTRAT KOTRĖT
Kutrat kotrét …. Kutrat kotrét
Curat corét …. Curat corét
Hayang bisa nyieun sajak
Ari jadi …..
Kuring gégétrét?


CAHAYA NU FANA
Caangna lilin
Bisa nyaangan kamar nu leutik
Caangna lampu
Bisa nyaangan kamar nu rada gedé
Caangna panon poé
Bisa nyaangan dunya
Tapi sakabéh éta
Moal bisa nyaangan haté manusa

No comments: